Perkawis hukum2 nu patali sareng masalah kurban, saena ngarujuk ka
dalil-dalil anu soheh nu ku urang tiasa dibaca dina buku2 tungtunan
ibadah. Sakaterang mah kieu...
- kurban hiji domba nyekapan (lumaku) kanggo hiji kulawarga, sato
kurban nu leuwig badag kayaning sapi tiasa dikurbankeun ku atas nami
tujuh urang.
- sato nu dikurbankeun kudu sehat, teu cacad, sarta aya kasapukan
dipihak umumna ulama sangkan eta satokurban teh kudu geus cukup umur
(conto pikeun domba mah geus punglak tea)
- tina eta sato kurban, nu kurban gaduh hak kana dagingna: dituang,
disimpen, sarta disodakohkeun. Dina hal ieu, asana babagianana teu
ditangtukeun. Oge di masarakat kadang teu sami. Di tempat kuring
biasana panitia ngajatah sapertilu pikeun nu kurban, dua pertiluna
disodakohkeun. Tinu jatah eta, urang tiasa bae ngabagikeun deui...

Sakitu panginten. kanggo langkung lengkep, mangga aos buku2 tungtunanana.

Owh, muhun, perkawis harga sapi, rupi2 Teh Tien. Anu kualitas hade
(sapi brahmana nu beuratna ampir satengah ton misalna, hargana dugi ka
8 jutaan). Kanggo pastina mah pilari bae pasar2 sato kurban.

-- 
sikandar


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke