Tiasa dicobi oge kontak ka Pak Karno (urang Solo) di Pasar Seni Ancol. HP No.0818-939280. Pak Karno  tiasa & biasa ngadamel keris modern khusus keur urang Malaysia/Brunei. Anjeuna gaduh panghargaan ti salah sawios Sultan Malaysia. Kanggo spec kujang tiasa nyonto kujang gagaduhan Kang Agus Pakusarakan (mun Kang Agus teu kaabotan).
 
salam
JP

Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Zainal cobi kontak ka Cimande di www.cimande.com .
 
Jalak Pakuan

"Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass. Wr. Wb.
Kang manAR, oge para wargi sadaya, manawi aya nu uninga, dimana aya pandai
nu tiasa ngadamel kujang ?
Sim kuring gaduh pelat waja spesifikasi SCr440H as rolled ukuran 7,2 X 100 X
200 mm, manawi tiasa didamel kujang.

tansah,
ZAM


----- Original Message -----
From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Tuesday, January 18, 2005 9:39 AM
Subject: [Urang Sunda] Kujang vs Keris di Tatar Sunda


>
>
> Ti heula teh aya nalek soal kujang jeung keris dina budaya Sunda.
> Mangga ieu kahaturkeun aya seratan ngeunaan kujang di kisunda:
> http://www.sundanet.com/artikel.php?id=231
>
> Eusi tulisan teh ngandelan carita lisan sepuh ti Panaruban. Yen
> cenah kujang teh asal muasalna mangrupa pakakas pangleler ti raja ka
> rahayatna anu ngabogaan jasa ka karajaan/nagara. Nya upama ayeuna
> mah sarupa hadiah "upakarti" atawa "kalpataru" tea anu dilelerkeun
> ku pamarentah ka anggota masyarakat anu boga saja dina widang
> ekonomi/industri jeung lingkungan.
>
> Ari keris, masih ceuk carita sepuh anu di luhur, cenah aslina teh
> pakarang komara karajaan Sunda. Nya tangtu anu mimiti nyieun na teh
> Urang Sunda. Ngan sanggeus perang bubat, sawaktu keris Nagasasra
> awewena karebut ku Gajah Mada, nya urang wetan teh nariron nyarieun
> keris sarupa Nagasasra. Sakumaha dina beja ti heula, bisa bae nyieun
> keris teh dikhususkeun keur urang Jawa bae, tepi ka di Sunda budaya
> (nyieun) keris ilang.
>
> Dina salah sahiji buku ngeunaan keris, tulisan salah saurang seler
> karaton Solo-Yogya, disebutkeun, yen keris Nagasasra mimiti dijieun
> Jaman Pajajaran, mangsa rajana Ciungwanara. Ieu informasi teh rada
> salah dina lebah Pajajaran anu heunteu acan ngadeg dina jaman
> Ciungwanara. Ngan upama Ciungwanara anu jadi patokan, keris teh
> geuningan geus aya di budaya Sunda ti mimiti abad 7-8 M.
>
> Aya anu nguatkeun kacindekan di luhur. Kahiji, motif hiasan naga
> dina keris Nagasasra, aya bungkeuleukan 3 dimensina, nyaeta di
> lawang (gapura) pajaratan Nusa Pakel, Situ Lengkong Panjalu. Anu
> kantos zaroh ka makom Sanghiyang Wastukancana di Situ Lengkong,
> Panjalu, tangtu kungsi mireungeuh patung naga sapasang dina luhureun
> gapura ka eta pajaratan, kenca katuhu.
>
> Kadua, dina mangsa Raja Ciungwanara, memang mimiti digunakeun
> kecap "naga" dina ngaran tokoh atawa pakakas tug tepi ka sababaraha
> waktu kadieunakeun. Upamana, ambuna Ciungwanara teh katelah
> Naganingrum tea. Tuluy aya oge jenengan raja teureuh Panjalu anu
> katelah Nagaruncing. Ngaran anu akhir oge jadi ngaran hiji keris
> (ramana salah sawios anggota Kusnet mibanda eta keris).
>
> Katiluna, upamana ngilikan bungkeuleukan (foto-foto) keris anu
> disebut Nagasasra dina buku ngeunaan keris anu disebut di luhur
> (Nogososro), tetelah jauh pisan kaendahanana jeung kaproporsialanana
> antara keris Nagasasra versi Sunda jeung keris Nogososro versi
> wetan. Anu di Sunda, sakumaha bisa kasaksian salah sahiji versi
> Nagasasra anu aya di sepuh di Panaruban (keris lalakina), kacida
> proporsialna. Boh wangun naga ti mimiti hulu tepi ka sukuna atawa
> hiasan sejenna jeung sarangkana. Anu ti wetan mah umumna teu
> proporsial. Aya anu lintuh teuing beuteungna, atawa teu ngarupa dina
> huluna, jst dina lebah wangun hiasan nagana teh.
>
> Kaopat, dina hiji waktu, nyoreang Presiden Gus Dur arek turun tina
> korsi kapresiden, hiji tabloid ibukota mintonkeun foto Gus Dur keur
> nyekel keris. Eta keris diakuna salaku keris Nogososro. Tapi,
> nyakitu, jauh pisan bedana atawa kaendahan jeung kaproporsionalanana
> eta keris anu diaku ku Gus Dur salaku Nogososro jeung keris salah
> sahiji keris Nagasasra anu aya di salah saurang sepuh US di Tatar
> Sunda. Nyatana di sepuh anu di Panaruban tea. Ka kadang wargi anu
> aya maksud hoyong ningali salah sahiji keris Nagasasra versi Sunda,
> mangga Insya Alloh si kuring tiasa nganteur. Ka Panaruban tea,
> sakalian ningalian curug Cimuja, Curug Karembong, jsb di eta
> wewengkon anu relatif masih asri.
>
> Baktos,
> manAR
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke