haturan baraya US sadaya...! pamendak sim abdi mah aya sababaraha kamungkinan, nu kahiji biasa bae eta jalma keur stress da geuning jaman ayeuna mah loba jalma anu stress dilantarankeu ku sababaraha faktor, bisa akibat tina ekonomi atawa nu keur neleman hiji elmu tapi teu kataekan. atuh nu kaduana bisa bae eta jalma ngan saukur neangan perhatian, nu katiluna bisa bae keur ngalaksanakeun misi atawa tugas nu tangtu pikeun mangaruhan pikiran urang sarerea. Tah dina hal ieu urang kudu ati-ati ulah waka geutas harupateun, lamun bener-bener ieu hal geus ngakibatkeun ngabarubahkeun lingkungan masyarakat tur bisa ngancam kana beungkeutan kasatuan urang sarerea kakara urang ngayakeun tindakan. Sakitu panginten pamendak sim abdi mah punten bilih aya nu kirang sapagodos.
Cag...ah, nuhun. BM'69 > > Wilujeng enjing baraya, > > Kamari teh abi sakulawargi lebaran haji di Bogor, > > keluarga besar teh ngariung di Baranangsiang. > > Minggu pasosore mulang deui ka Bekasi tumpak beus > > duka naon namina mah hilap deui. Palebah beus dugi > > ka Jalan Tol ceuleungkeung aya nu ngadon pidato , > > mimiti namah teu pati dipalire da paling oge ceuk > > pikir teh nu ngamen ngan make cara orasi, ari beuki > > lila geuning si nu pidato teh nyabit-nyabit Asma > > Allah, tah mimiti ku abi rada diperhatikeun naon > > eusi orasina, da eta mah baraya, matak > > pikareuwaseun, sabab manehna nyebutkeun yen nu > > ngaranna " Tuhan " mah sarua bae , rek ngaranna > > Allah, atawa Yesus, atawa Dewa, cenah sarua > > bae.Terus manehna maca sababaraha lafadz arab ( duka > > tina Qur`an duka sanes da kirang jelas ) bari terus > > dijelaskan ku bahasa Indonesia pajarkeun cenah teu > > kudu fanatik kana salahsahiji agama di alam dunya > > sabab kabeh agama eta sarua. > > Wassalam > > Dhanny > > > > > > > > > > --------------------------------- > > Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" > > your friends today! Download Messenger Now > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more. > http://info.mail.yahoo.com/mail_250 > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

