Kang Hasan ti Garut kamana wungkul
Sim kuring gaduh pangalaman rada serem 
Dina hiji waktos sim kuring teh jangjian sareng rerencangan urang Cikajang, bade ka puncak cikurai. Anjeuna angkat ti Cikajang, abdi ti Bandung ka terminal Guntur teras ka Bayongbong. Namina oge jangji, pokokna mah di titik anu tos ditangtukeun, nyaeta puncak, saha wae anu dugi tiheula,  antosan teras lungsur sasarengan. 
Da sim kuring ngaraos jangji, ampir heula ka padumukan rerencangan di cikajang, ehh saurna tong angkat. Eta mah mani samangat '45 langsung we ngibrit ka Olan teras ka puncak Cikurai. Harita teh nembe pisan hujan, janten jalan baseh tur seueur kabut. Dugi ka tengah-tengah (kinteun-kinteun to jalan 2 jam) kabut teh mani kandeul pisan, atuh jalan teu katingali. pokokna mah jalan terus, dugi rerencangan teh ka susul. eh eh jalan satapak teh lami-lami janten teu aya. sihoreng sim kuring tos nyasar. Rada lami oge teras we jalan... eh aya sora jalmi ti kajauhan. Atuh mani atoh pisan, pasti rerencangan. Nang..... nang ..... nang .....  . tapi naha teu nembalan. ah teras we dideukeutan tah asal sora. Kumargi tos caket, langsung we tah  Nang .... nang.... nang.  Eta mah sim kuring dugi kana asal sora, anu didugian bet bit bet bit bet pahibut nyandak parabot. pokokna paciweuh.....lalumpat sakadaek salumpat lumpatna. Naha .. ... ? Pas ditingalian kana parabot anu kakantun, sihoreng  anu nuju nyolong kayu leuweung cikurai. padahal sim kuring nembe pisan ka garut jeung ka cikurai teh........................
Salam kanu nyolong kayu... hampura sim kuring. da abdi mah sanes JAGAWANA sanajan nganggo topi rimba.
he he he......................
mangga lajeungkeun ..............  


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke