|
ass. wr. wb.
Sim kuring gaduh pasien spesial biasana disebut
"anak berkebutuhan khusus" kayaning Autis, down syndrome, MR, jeung sanes na.
Ayeuna masih di terapi di klinik kuring. Aya sababaraha pasien nu tos meujeuhna
nincak SD tur siap pikeun sakola. Tapi tong boroning kolot na, pribados ge
pusing milarian sakola nu sadia narima eta budak.
Ka balarea... manawi gaduh referensi sakola dasar
nu sadia nampi budak anu "berkebutuhan khusus". utamina sakola anu terjangkau.
Margi aya sakola khusus, mung waragadna edun pisan tiasa seep 18 jt sataun. eta
ge aya sakola biasa pikeun budak normal tapi nampi barudak khusus, mung pas
teurang eta budak teh emang spesial, beayana ujug2 naek.. yah... seep 8 jt
sataun mah.
Beu tega nya... kumaha atuh pendidikan urang bisa
adil jeung secara nyata mencerdaskan bangsa teh...???
Ongkoh UUD teh ngajamin pendidikan.... tapi
pendidikan pikeun saha jeung nu mana.
Hatur nuhun sateuacanna kana info
na...
wass. wr. wb.
MDY
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now |
- Re: [Urang Sunda] barudak "kebutuhan khusus" he... md. friady
- Re: [Urang Sunda] barudak "kebutuhan khusus&quo... Ineu Miasasra
- Re: [Urang Sunda] barudak "kebutuhan khusus&quo... MRachmat Rawyani
- Re: [Urang Sunda] barudak "kebutuhan khusus&quo... irwanis

