Kang Dani,
Nya eta, abdi ge sok asa kumaha upami aya anu ngangkeun US tapi sanes Islam
( sanaos aya US anu Islam KTP, sapertos abdi heheee )...
tapi geuningan kanyataannana seueur...
malihanmah dulur sim kuring sorangan aya anu grup katolik... mung sabagean
anak incuna pun Uwa teh tos aruih deui ka Islam ( jantenna Muallaf panginten
da ti anak incu mah ngiring pun Uwa...

saur pun bapa mah cenah nuju jaman kolonial Pun Uwa janten Nasrani teh, da
sabagean di Samarang Garut Kampung Pasir, kampungna pun Bapamah aya oge
cenah anu Katolik...

matakan meun aya nu maot ti keluarga pun Uwa anu masih Katrolik, abdimah sok
bingung.. matak ah tara ngadunga nanaon..keun wae antepkeun.. da geuningan
prosesina mah teu siga urang Nasrani..anu make nyanyanyian,..

punten ah nuju rieur.. palay ngacapruk wee ieu mah... :p

Salam,


-----Original Message-----
From: Dani Ibrahim [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, January 27, 2005 10:18 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Sunda jeung Islam


Resep ngabandungan dulur-dulur sadaya teh, aya wae bahan kanggo diskusi
sareng eta kutiasa berkembang kamana-mana.  Eta deuih waas ku komentarna
urang Ausie palebah etanamah geuning hideung, nembe kaemutan naha leres
kitu?

Punteun sim kuring teh nembe ngiringan KUSNET , hoyong terang langkung
tebih masalah urang sunda sareng islam.  Salami ieu sim uring gaduh
pamadegan ari urang sunda teh identik sareng islam.  Janten upami aya anu
ngaku-ngaku urang sunda tapi agemanana sanes islam sim kuring ngaraos yen
manehna teh tos kaluar dina kasundaananan, naha leres kitu?

Leres sateacan islam lebet ka nusantara urang sunda teh tos aya, sareng tos
ngamekarkeun budayana, tapi saparantos islam lebet sagala rupi budaya sunda
teh janten cenderung kana kaislaman,

Punteun ah ka para akang sareng ceuceu, nyuhunkeun pencerahannana,

nuhun.

Dani Ibrahim


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke