Hiy....sieun atuh kang Yudi, ari perang agama mah, sabab masing-
masing pihak nu mumusuhan ngarasa bener ngatasnamakeun Nu Kawasa, 
jeung lamun maot masing-masing pihak nu mumusuhan boga kayakinan 
asup ka sorga. Didieu bahayana teh, perangna bisa moal eureun-eureun 
(perang salib jaman baheula oge lilana 200 taun, bari jeung teu 
puguh saha nu meunang jeung saha nu eleh!), bisa tutumpuran kabeh nu 
antukna lain mawa kamaslahatan jelema tapi kasangsaraan.

Jadi ari ceuk kuring mah, pacogregan dina soal agama, leuwih hade 
ulah digede-gedekeun. Lamun bisa mah malah dieuweuhkeun. Dina soal 
aya sabagian urang Nasrani nu hayang nganasranikeun batur nu beda 
agama jeung maranehna, memang leres aya, ngan urang ulah ngahompet-
daunkeun urang Nasrani jiga kitu, sabab lolobana mah Nasrani oge 
jiga urang we, urang Islam, teu harayangeun riributan. Urang oge 
urang Islam, apan embung disahompet-daunkeun jeung nu ngebom Bali, 
JWMarriot atawa Bom Kedubes Australia, embung disebut Terroris.

Ke enjing disambung deui.

BAktos,
WALUYA 

--- In [email protected], "Yudi Irmawan" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Teh Gilang sareng sadayana, duka da ieu mah pamendak abdi nu bodo 
> balelo perkawis agama.
> 
> Zaman ayeuna perang antar agama masih aya, perang informasi sareng 
> argumentasi. Urang pasti mayunan nu kitu, komo ayeuna "agamanna" 
> nambih: "modernis", liberalis, humanis, pluralis nu rata2 pamendak 
> sim kuring masih sapotong2. Janten memang kedah bekel Kang, Teteh 
> sadayana. Mun peryogi bekelna teh diajar Injil. Kitu tah ngarah 
> tiasa ngawaler mun diajak "perang".
> 
> Tah Kang Duli teunggeul2an mah peryogi keur engkin pami Amerika 
> nyerang Indonesia. Pamendak kuring mah hiji waktu Amrik teh 
nyerang 
> Indo.. Ayeuna Irak, pami sukses Iran, engke saha, teras saha. moal 
> waka nyerang Cina da sieun keneh.. Indonesia salah sawios target 
nu 
> ngantri ...(tong dipercanten da eta mah pamendak kuring)
> 
> mangga
> --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Cikaracak ninggang batu,
> > laun-laun jadi legok.
> > Mun datang nu kararitu,
> > tong talangke, baledog! heuheu...
> > 
> > 
> > On Tue, 01 Feb 2005 03:46:53 -0000, gilang_tresna
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > di abdi mah eta urang Jehovah teh meni taya kabosen da..
> > > Sakapeung mah saminggu teh aya 2-3 kalina nyampeurkeun ka 
> rorompok.
> > > Sami di dieu ge sok duaan-duaan. Malihan mah pami ku urang 
> dilayanan
> > > ngobrolna, sok aya nu ngajangjikeun sumping deui minggu payun.
> > > Pajarkeun teh ke minggu payun mah bade nyandak brosur nu 
nganggo 
> basa
> > > Indonesia. Iiih..asa ku mararodel!!
> > 
> > -- 
> > sikandar
> > Nyungkeun nu basa Sunda we kituh, Teh Gilang...





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke