Nyandung, atawa poligami, estu hiji kecap anu teu
kaharti pikeun urang bule. Tapi, ku sabab urang teh
boga niat (atawa kahayang) syiar Islam ka sakumna
manusa di sakuliah dunya, pertelaan ngeunaan nyandung
(jeung sababaraha "kalemahan" Islam lianna) perlu
diguar jeung disawalakeun.
Di handap ieu aya sababaraha pikiran pribadi kuring,
anu diagem oge ku urang Islam lianna:
1. Wilangan "opat" dina Al-Quran bisa bae hartina teh
lain "ulah leuwih ti opat", tapi bisa bae ngandung
harti yen "...dua, tilu, opat..." dina eta ayat teh
ngan saukur wilangan, sakumaha urang mindeng nyarita:
"Nya aya we meureun hiji dua mah..." nu bisa wae
hartina teh leuwih ti dua. Tafsiran ieu mere
lolongkrang tur bisa ngajelaskeun naha Rasulullah
kagungan garwa leuwih ti opat. Kaum nu ngagem yen opat
teh wates, ngajelaskeun yen kaayaan Rasulullah
kagungan garwa leuwih ti opat, eta mah "privellege"
Rasulullah, kaistimewaan Rasulullah. Kecap
"privellege" nambahan kahemeng jeung "kalemahan" Islam
dina panempo urang bule.
2. Poligami, nu dihalalkeun ku Islam, ceuk urang bule
mah ngarupakeun hiji "kalemahan" Islam nu
ngabalukarkeun loba lalaki nu teu kabagean awewe,
antukna, sakumaha kuring kungsi nempo dina karikatur
sarkasme maranehanana, loba lalaki Arab anu kapaksa
kawin (sapatemon) jeung onta.
3. Lamun tea mah enya yen wates luhur boga pamajikan
teh opat, naha Rasulullah SAW kagungan garwa leuwih ti
opat? Perkara ieu, ditambah ku ayana Rasulullah SAW
nikah ka Aisyah nu umurna kakara 9 taun jeung nikahna
Rasulullah ka randa urut anak kukutna (Zaid), jadi
sasaran anu hipu pisan pikeun maranehna nyerang Islam.
Hese pisan ngajelaskeun naon hikmahna Rasulullah nikah
ka budak umur 9 tahun. Ari nikahna ka randana Zaid mah
gampang ngajelaskeunana nyaeta negeskeun yen anak
kukut teh, rek kumaha oge, eta teh lain anak teges, ku
kituna randana halal dikawin ku bapa kukutna. Oge
nikahna Rasulullah SAW ka randa-randa anu salakina
tiwas dina perang atawa anu jadi tawanan kaum muslim,
gampang dijelaskeunana. Eta teh ngarupakeun
panyalindungan pikeun para randa. Teu aya
panyalindungan anu pang sampurna-sampurnana pikeun
awewe mah (komo deui randa) kajaba dijadikeun
pamajikan ku anu mere panyalindungan. Tapi dalah kitu
oge, lamun tea mah enya wates teh opat, naha
Rasulullah henteu nikahkeun para randa teh ka
shahabat-shahabatna bae?
4. Kaum muslimah anu oge jadi kaum "feminin" di
Indonesia loba pisan nu teu satuju kana poligami.
Maranehna nganggap yen poligami teh "najis" (tangtu
lain dina harti fiqih). Anggapan "najis"-na poligami
ngabalukarkeun poligami hese dilaksanakeun di
Indonesia. Tapi aya oge anu panuju kana poligami.
Khofifah Indar Parawansa kaasup hiji celebritis nu
nolak poligami, tapi Trie Utami kaasup hiji celebritis
nu ngadukung poligami tur manehna rido dicandung.
(Memang loba awewe nu satuju kana poligami, tapi
manehna teu rido dicandung. Teuig naon maksud manehna
"satuju poligami" teh).
5. Poligami, ceuk katerangan para ustadz di urang,
bisa dilaksanakeun lamun aya perkara darurat. Ceuk
kuring mah ayeuna teh geus asup kana kaayaan darurat.
Coba bae tengetan: di dunya teh kiwari loba awewe ti
batan lalaki. Kukituna, lamun kabeh jelema boga hak
kawin, kudu aya lalaki nu rido nyandung jeung awewe nu
rido dicandung (duanana, lalaki oge awewe, kudu
pada-pada rido, sabab bayangan kuring mah,
pangentengna teh boga pamajikan hiji, sanajan
"sakinah, mawadah, warahmah" eta teh dua anu kaasup
oge pikeun kulawarga poligami). Pan ceuk "pigeon hole
principle" oge kitu (lamun aya lima manuk jeung opat
sayang, tur kabeh manuk kudu asup kana sayang, tangtu
sahenteuna bakal aya hiji sayang anu dieusian ku manuk
leuwih ti hiji).
6. Hese pisan ngajelaskeun perkara-perkara "teknis"
Islam ka urang bule. Kahiji, manehna teh lain Abu
Bakar R.A. anu imanna ka Rasulullah sakitu luhurna
(Basa dibejakeun ka Abu Bakar yen Rasulullah isro ka
Madinah terus miraz ka Sidratul Muntaha ngan ukur
sajero sapeuting, Abu Bakar kan ukur nanya: "Saha nu
nyarita Kitu", dijawab: "Muhammad". "Lamu anjeunna nu
nyarios, kuring percaya". Gampang pisan, teu perlu
mikir naon-naon. Ti Harita Abu Bakar meunang tambahan
"Sidik".) Kadua, urang bule hese pisan narima kaidah
qiyas keur ngajelaskeun hiji perkara. Qiyas teh, ceuk
maranehna, bukti kalemahan pola pikir. Kusabab teu
bisa ngajelaskeun kalayan "sistematis" jeung
"analitis" nya antukna dikiyaskeun ka perkara anu
KIRA-KIRA sarua.
Hampura ah sabalang bentor...
AJ
--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> beres ngobrol sareng ua sas oge kang soni, balik ka
> imah rajamantri,
> kotrat-kotret nyieun jilid calon majalah basa sunda
> nu baheula kungsi
> dibahas. calon ngarana aya dua US atawa Sunda Gaya.
> kang Ush Kompas
> -dipenta jadi panasihat rumpaka/redaksi jeung kang
> Maman Gantra. kahayang
> kang Ush mah, Sunda Gaya. nu gaya, oge rada gaul,
> kaci mahiwal. hehe
>
> ieu kutrat-kotret, pikeun rubrik "Ngacapruk"
>
> Ngilikan Soal Nyandung
>
> Istilah nyandung teh sarua jeung ngawayuh nu hartina
> boga pamajikan leuwih
> ti saurang atawa leuwih ti hiji. Maksud leuwih ti
> hiji teh lain hiji
> satengah, tapi dua, tilu nepi ka opat nu ceuk basa
> nu make poli mah, nya
> poligami, lain politik atawa poliurethane. Numutkeun
> ajaran Islam �pasti
> geus papada apal- jumlah pamajikan kaci nepi ka
> opat. Sarat nyandung teu
> pira tapi sigana arang langka nu bisa nedunan eta
> sarat, nyaeta mun bisa
> adil, mun teu bisa nya hiji bae. Da asana hiji oge
> moal beak. Urang baroga
> katerangan atawa cara ngahartikeun soal eta ayat,
> siga aya nu nganggap yen
> nyandung kaci mun kaayaanana memang loba parawan
> kolot atawa loba randa
> alatan salakina maraot ku perang atawa bencana alam.
> Jadi paham ieu
> ninggang kana aspek sosial utamana soal ngurus jeung
> ngajaga. Nu lain
> keukeuh yen kaci nyandung sakumaha eta katerangan,
> sanajan katerangan �mun
> bisa adil� seseringna diliwat atawa api-api bisa
> adil.
>
> Loba urang Sunda -asana mah- bareuki kana nyandung
> teh. Loba US nu
> ngutamakeun pangabutuh bi rahi oge mang rahi eta,
> sabab loba nu percaya
> yen ku jalan eta karasa hirup kaharti. Matak
> pangabisa Ma Erot payu. Mun
> noong ka sajarah Islam asup ka Tatar Sunda, kabeh
> geus nyaho yen Islam
> ditarima ku urang Sunda kalayan kabingahan,
> pangpangna, meureun, ku para
> menak. Nu soleh mah (lain nu ngarana Soleh, tapi
> pikiranana soleh) mere
> katerangan sabab-musababna nyaeta: alatan urang
> Sunda geus ti baheula
> mula ngagem kapercayaan monotheis (mono=hiji,
> theis=pangeran), lain
> politheisme (poli=loba). Kalolobana urang unggeuk
> kana eta katerangan,
> sabab saluyu �malah dualuyu- jeung kanyataan sajarah
> hirup-hurip US. Agama
> Wiwitan atawa Agama Asli US memang ngagem ka hiji
> pangeran, Sang Hyang, Nu
> Maha Keresa, jeung sajabana. Sanajan loba ngarana
> tapi eta ngan ukur gelar
> atawa sesebutan pikeun pasipatan pangeran, maksudna
> mah pangeran nu
> eta-eta keneh alias hiji (mono tea, lain stereo).
>
> Tapi tangtuna kaci deui neangan alesan sejen nu
> sukur mun ngaharib kana
> kahirupan duniawi sapopoe. Sing horeng salah salima
> alesan Islam ditarima
> ku US (kalayan kabingahan) teh aya deui, ku
> dikacikeunana nyandung nepi ka
> opat! Ke heula ulah waka ambek. Urang toong heula
> sabab-musababna. Soal
> nyandung atawa boga pamajikan leuwih ti hiji teh
> lain ukur kamonesan US,
> tapi oge kum saalam dunya. Patali jeung
> paternalistik (teuing naon atuh
> maksudna, ngan sigana baraya jeung cara hirup
> patrilineal: hirup
> didominasi ku lalaki). Cara kieu �boga pamajikan
> leuwih ti hiji, kaasup
> dina ngaran atawa istilah nu beda, harem, selir,
> jeung sajabana loba
> dilakonan ku para raja kaasup turunanana nu
> disarebut menak. Ceuk si cenah
> malah kungsi aya bupati Bandung jaman
> tai-kotok-dilebuan boga selir nepi
> ka opat puluh (duka kudu nyebut naon yeuh, edun
> atawa edan :)
>
> Adat jelema tea, naon bae oge nu anyar bakal
> ditarima salila teu
> ngarugikeun, komo mun malah nguntungkeun atawa matak
> tugenah kana manah!
> Tah palebah dieu eta alesan asup akal. Mun teu asup
> akal nya di dorong we
> sina asup, mun keukeuh henteu bisa asup, nya
> asupkeun we atuh kana panto
> oge da teu nanaon.
>
> Di pihak kolot wanoja nu dicandung, loba nu memang
> ngahaja anakna hayang
> dicandung. Tapi ku saha heula. Nya ku para inohong,
> menak, ajengan atawa
> kyai jeung jelema punjul sejenna. Ari alesanana mah
> nya, jaman harita tea
> (boa ayeuna oge masih), saha nu embung boga minantu
> raja, bupati, ajengan
> atawa jelema beunghar? Saha nu embung boga incu
> bapana raja, inohong bin
> gegeden, kyai kahot atawa jelema beunghar? Nya kaci
> disebut jurus meuntas.
> Susuganan kabawa hirup senang atawa kasimbeuhan
> kaningratan atawa banda
> pakaya. Alesan ieu oge asana nu jadi jalan pikeun
> wanoja keresa diwayuh.
> Dicandung ku raja, bupati, gegeden, ajengan/kyai,
> jelema beunghar, dina
> itungan kahormatan model kitu jeung banda pakaya,
> nya nuhun pisan. Komo
> mun make teori yen wanoja kalolobana nurut kumaha
> salaki, atawa keur jaman
> wanoja teu kaluar imah milu kasab, dikawin sanajan
> dicandung kaitung
> lumayan, saheunteuna aman pikeun urusan beuteung,
> pakean, perhiasana,
> imah, jeung saterusna.
>
> Mangpaat Nyandung
> Sabenerna, nyandung loga jeung gede mangpaatna,
> salian ti ngurus atawa
> ngarumat wanoja nu asalna nyorangan, jeung mere
> status hade pikeun wanoja,
> jadi pamajikan hij lalaki, oge pikeun lalaki nu bi
> rahina sagede gajah,
> bisa nyalametkeun hirup tina dosa jeung panyawat
> kelamin. Nyandung bisa
> nyegah lalaki ngalakukeun maksiat, nyeleweng, jajan
> ka wanoja nu dagang
> (wts, pelacur, gongli, jsb) sabab boga tempat
> �pamajikan nu kaci nepi ka
> opat- pikeun nyalurkeun bi rahi.
>
> Di sisi sejen, pikeun lalaki nu
> bru-dijuru-bro-dipanto-ngalayah di tengah
> imah (maksudna pakayana, hartana, lain banjir) ku
> nyandung bisa
> ngamangpaatkeun eta pakaya pikeun jelema loba, ka
> pamajikan oge ka mitoha,
> oge meureun dina loba budak oge, bisa kabiayaan boh
> dahar jeung pakeanana,
> boh pendidikanana/atikanana, boh lam. Kitu deui ka
> lalaki nu pamajikanana
> teu bisa mere anak, ku nyandung boga harepan pikeun
> boga anak, neruskeun
> turunan. Nu ieu biasana dipake alesan paling asup
> akal, tangtuna mun
> teges-teges yen pamajikan nu kahiji memang teu bisa
> mere anak. Tapi da
> sarat dina ajaran Islam mah lain eta, tapi asal bisa
> adil tea. Siga nu
> gampang, padahal adil teh asana pagawean nu hese,
> komo da patali-pajeulit
> jeung urusan hate, emosi, cinta. Lain ngan ukur
> urusan duit atawa banda
> pakaya. Lieur we pokona mah, cenah.
>
> Aktualisasi Diri
> Noong dina soal adat suradat jelema dina alam
> kiwari, asa na mah ceuk
> Abraham Maslow �teuing saha atuh eta jelema teh, nu
> jelas mah Yahudi) mun
> pangabutuh dasar (barang dahar, pakean hade,
> imah-sigrong-siga-rorompok-korong, atikan, mobil,
> hape, panghasilan,
> sawah, kebon, saham, deposito, pausahaan atawa
> jabatan) geus kacumponan
> komo mun loba leuwihna, manusa naek deui kahayangna
> nu ku Maslow mah
> disebut Aktualisasi Diri. Pihartieunana, kira-kira,
> nya ngaanyarkeun
> karep. Lain ganti kulit siga oray, tapi upaya pikeun
> ngalakukeun sapuluh
> perkara nu matak mere harti kana sikep �anyar� diri
> eta. Nya meureun
> minangka ciri sukses enggoning ngalakonan hirup di
> alam dunya.
>
> Tah, salah sahiji cara Urang Sunda dina palebah
> dieu, eta tea, nyandung!
> Loba lalaki US nu geus ngarasa cukup komo mun
> leuwih ku sagala rupa,
> ngarasa butuh ku aktualisasi diri tea, pikeun
> nembongkeun dirina geus bisa
> hirup leuwih. Nyandung ka wanoja nu biasana leuwih
> ngora
=== message truncated ===
__________________________________
Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/