Punten bade ngiringan ngawangkong, ari terang mah henute ngan ieu mah hoyong ngedalkeun pamadegan wae,
Ari saur sim kuring mah naon-naon anu saluyu sareng kana kasaean teh namina Islam. Islam teh pan luas cakupannana saalam dunya. Upami teu lepat, naon-naon hal nu hubungannana sareung Gusti Allah mah parantos di atur. aya oge benteunna tapi masih dina wilayah khilafiah. Tapi upami anu hubungan sareung manusia eta mah urang teh dipasihan kabebasan dina ngalarapkeunana, nu peunting mah aya maksad kanggo kamashlahatan jalmi seeur (ummat). Boh dina politik, sosial, komo dina budaya mah. Bade ngango Demokrasi Terpimpin, Demokrasi Pancasila atanapi Demokrasi model Amerika, eta mah pan keeung hasil cipta manusia saluyu sareung situasi sareng kondisi masyarakat setempat. Dina widang ekonomi oge kitu. aya batasan-batasan anu tos jeulas-jeulas di eceskeun dina Qur'an, Allah teh ngaharamkeun Riba tapi panuju pisan upami jual beli. Ari hakekat ekonomi Islam teh salawasna "berpusat" kana kamashlahatan Ummat. Ulah aya hiji kakayaan anu numpuk di salah satu warga atanapi kelompok. Matakna dina Islam mah geuning zakat kakayaan anu ngan ukur disimpeun dibuni-buni teh dipotong 2,5% langsung dina jumlah harta di disimpeun. Tapi upami digolangkeun janteun usaha mah dipotongna teh ceukap dina hasil kauntungannana margi harta nu aya teh mere kamsahlahatan pikeun jalma nu sejeun (ngabuka lapangan kerja). Dina budaya, contona dina baju. Dasarna mah pan jeulas urang teh dititah nutup aurat bilih ngundang birahi batur (komo isteri mah geuning keudah buni). Ari modelna mah teu keudah sami sareung urang arab da situasina sareung alamna oge beunten. Eta kapungkur Rasul ngangge Gamis, saur sim kuring mah urang teu keudah (jadi keharusan) ngangge model kitu, da eta mah budayana sapertos kitu. (pan Abu Jahal sareung Abu lahab oge ngangge Gamis?). Tah eta pamadeugan sim kuring mah, pasti seeur kakirangannana ah sawios da ieu mah ngan ukur pamadeugan ukur pribadi sim kuring wungkul. hatur nuhun, Dani Ibrahim ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

