Taahh, resep lah ngaos kintunan kang Oman anu sakitu jembarna.
Sim kuring seja ngiring urun rembug, yen filsafat sunda teh filsafat Handap Asor. Kukituna, mun jawa terkenal halus, batak terkenal berani, nya urang sunda mah terkenal ramah ka sasaha, sab didasaran ku falsafah handap asor tea, henteu sombong adigung adiguna. Tapi kade, Handap asor teh sanes Rendah Diri / Minder, langkung caket mun dihartoskeun kana Mawas Diri. Mung sakitu anu kapihatur, hatur nuhun. Salamna. --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, > > Tangtangan ti Kang Hendris ieu sabenerna anu ku si kuring > kungsi > ditatanyakeun ti heula, sabagean minangka lengkah panaratas > keur > jawabanana kungsi diposting dina jejer anu pakait jeung > ajen-inajen > poko kasundaan (nilai-nilai pokok falsafah Sunda), kalan-kalan > sok > miang oge tina guaran jejer sajarah. Ka Kang Hendris oge > baraya > sanesna, mangga mugi kersa leukeun mukaan deui arsip file di > urangsunda, upama memang aya minat ngabaladah urusan filsafat > dikaitkeun jeung kasundaan. > > Pikeun ngandelan kasundaan, diantawisna buku "Kasundaan > Rawayan > Jati" (KRJ), yasana Abah Surya (R. Hidayat Suryalaga) tiasa > oge > diilo. Kang Hendris, oge nu sanesna, mangga, aya saena supaya > heunteu miang ti enol ngeunaan kasundaan, diaos heula eta > buku, > sangkan urang tiasa komunikatif dina madungdengkeun sababaraha > ikon > ngeunaan cecekelan hirup kasundaan. Enya, upama parantos > nengetan > eta buku mah moal poekeun teuing geura kana istilah-istilah > khas > Sunda saperti: Buana Panta-panta, Kasiliwangian, SILAS, > Parigeuing, > Opat Paharaman, jst. Teu mungguhan, geuningan aya anu kasebut > ahli > kosmologi Sunda oge masih pasolengkrah keneh dina nataan SILAS > > (untungna lain pituin US, hehehe, jadi moal dicarekan teuing). > > Baraya, naon anu dialungkeun ku Kang Hendris ka pakalangan, > satemenna ngarupakeun hal anu kalintang pentingna. Sabab, ceuk > salah > saurang ahli filsafat, heunteu aya hiji oge tindakan jelema, > sakumaha bae oge leutikna, anu heunteu dikasangtukangan ku > hiji > cecekelan falsafah tinangtu. Urang bae anu heunteu sadar upama > > heunteu ngarasa kitu teh. Satiap jalmi, leutik atawa gede, > ngimeutan > atawa heunteu, neuleuman atawa ukur saliwatan, satemenna > merlukeun > falsafah. Akal salaku alat keur neuleuman falsafah, numutkeun > hiji > hadist, eta kalebet utusan anu kadua (disagigireun Nabi as) > anu > inheren di satiap jelema, sangkan hirup manusa salamet tur > papanggih > jeung kabagjaan. > > Kang Hendris teh naroskeun naon anu jadi cecekelan hirup Sunda > atawa > dina istilah filsafat mah naon anu disebut "weltanschaung" > (WS) US. > Enya, WS kisunda teh pipikiran urang Sunda sagemblengna > ngeunaan ieu > alam dunya (B.Ind: pandangan dunia) ngeunaan ieu alam dunya. > Naha > aya ieu gan WS teh di kisunda?, ? Tuluy, upama aya, naon > konsep > implikasina anu saterusna ieu konsep teh ngandung implikasi- > implikasi sosialna tina eta WS US teh? Tuluy kumaha jawaban > eta WS > US anu bisa ngigelan jeung ngigelkeun masyarakat anu geus > sakitu > lilana katebak angin atawa kabajuan ku sekularisme, humanisme, > > eksistensialisme, jsb? > > Der ah, geura padungdung pamikiran. Hampura, lain mere jawaban > anu > atra ieu posting teh, balikta nambahan patarosan. Bener ceuk > Kang > Hendris, wilujeng sumping ka dunya anu pikasieuneun. Tapi, teu > aya > jalan sejen, upama hayang kenging buahna anu sakitu matak > uruyna, > wayahna eta anu pikasieuneun teh kudu disorang. Katambah deui, > di TS > anu cenah agama Islam jeung kasundaan teh padalit lir gula > jeung > amisna, ayeuna Islam (sacara pemikiran) geus sakitu di > ubrak-abrikna > ku sabagean mahasiswa, malah eta mahasiswa teh tug nepi ka di > paguron anu mawa ngaran agama. > > Ulah disasalahkeun teuing pamuda-pamuda anu ngaralakukeun > eta "pemberontakan". Bisa jadi kasangtukangna eta kalakuan teh > > kulantaran ummat Islam sorangan di urang heunteu bisa mere > jawaban > ka para pamuda anu keur hanaang ku sabangsa filsafat atawa > cecekelan > hirup...anu pohara pikasieuneunana keur sabagean jelema. Ummat > Islam > di urang meureun masih ngagegedekeun urusan ritual, tepi ka > daek > pasea marebutkeun bebeneran tatacara ibadah, mopohokeun utusan > sejen > anu inheren dina diri manusa, nyatana akal tea; jeung > nyapirakeun > dimensi anu pang pentingna dina agama Islam: dimensi sosial > tea. > > Baktos, > manAR > > > --- In [email protected], herdis herdiansyah > <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Filsafat Sunda, filsafat pundungan, hehheheh!!!!! > > Ha..ha.., hatur nuhun akh, kana terminologi pundungan > > nana. > Wilujeung milari arti kedirian, dulur!!! > > > > Cing naon falasafah urang sunda teh? ( lamun Jawa > > terkenal halus, Batak terkenal berani, Bugis terkenal > > ulet, Padang terkenal pinter, ari sunda��?, can you > > tell me?). selamat datang di dunia yang menakutkan > > Aller Anfang Ist Schewer!!!! > > > > > > __________________________________________________ > > Do You Yahoo!? > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection > around > > http://mail.yahoo.com > > > > __________________________________ Do you Yahoo!? The all-new My Yahoo! - Get yours free! http://my.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

