Minggu-minggu ieu teh keur soson-soson mukaan  literatur ngeunaan awi. Taya lian dumeh aya sobat anu minangsaraya hayang dibantuan nyieun proposal pikeun ngahejokeun lahanna kurang leuwih 10 ha di Parongpong. Hayang dijieun lahan panaratas puseur studi jeung wisata lingkungan awi, saurna. Sakalian minangka ilubiung kana nyalindungan unak-anik tutuwuhan bangsa awi-awian jeung konservasi taneuh wewengkon seserepan cai, saurna deui.
 
Nya seug, cekeng teh, sugan bisa ngaringkeulkeunana. Lumayan aya pangalaman tea mah basa ngarumuskeun kabuyutan Citarum Hulu tea, sosialisasi tata ruang DAS Citarum Hulu migunakeun deukeutan budaya (duka tah hasil heunteuna mah kagiatan anu akhir disebut bieu teh da si kuring mah lain ti bagean inspektorat pamarentahan Jawa Barat).
 
Awi teh hiji tutuwuhan anu sulit ditandingan ku tutuwuhan naon bae oge dina lebah loba rupa jenisna (taxa),  tempat hirupna (habitat),  lega sumebarna, jeung  kagunaanana keur kahirupan manusa. Kitu ceuk hiji literatur. Enya nyakseni, da geuning awi mah loba pisan jenisna teh. Ceuk hiji buku , leuwih ti 100 jenis (genus) awi, bisa hirup ti mimiti dataran handap (basisir) tepi ka 4000 m luhureun beungeut laut.
 
Lebah manfaatna oge nya kitu keneh, kasaksian ti mimiti keur alat kahirupan rumahtangga sapopoe, bahan wangunan, bahan-bahan karajinan, alat-alat kasenian, jeung cindramata sejenna kabeh tiasa dicumponan ku awi. Manfaat lingkungan: nyerepkeun ci hujan kana jero taneuh, keur ngaherangkeun cai taneuh, dauna anu garing jadi gemuk organik anu pohara alusna. Hiji buku netelakeun ajen ekonomi awi anu sakitu gedena. Kakuatan "daya lentur" awi ratusan kali beton. Awi, ceuk para ahli pangwangunan jeung lingkungan hirup, bisa dijadikeun pananggeuhan keur kaajegan lingkungan jeung kaamanan eknomi hiji wewengkon.
 
Asia tenggara ngarupakeun surga keur awi-awian. Tina sakitu lobana bangsa awi-awian saalam dunya, 8 diantarana bisa disebut tutuwuhan khas Jawa Barat, sabab  ceuyah pisan kapanggih sumebar di sakuliah Tatar Sunda. Tina anu 8 bangsa teh aya hiji anu ngarupakeun tutuwuhan langka anu kapanggihna ukur di Tatar Sunda. Nya ieu anu disebut awi endemis Tata Sunda teh. Ieu awi endemis Pakalengan, Kabupaten Bandung teh katelahna ku sebutan awi Eul-eul tea. Ari ceuk basa sakola na mah (kuduna ditulis ku hurup nyanggereng):  Nastus elegantissimus Neng Eul-eul teh.
 
Manggihan tutuwuhan endemis teh kalintang pikeun ahli biologi jeung botani mah jadi kasono. Saheunteuna, manggihan anu antik. Jeung deui upama karek kapanggih apan bisa jadi bahan disertasi atawa aya hak mere ngaran ilmiah kana eta papanggihan. Nyaan pantes disebut si geulis anu antik awi Eul-eul teh, sabab saalam dunya upama hayang terang habitat jeung kumaha cara hirupna ieu Neng Eul-eul wayahna kudu ngahajakeun datang ka Pangalengan.
 
Kapayun manawi pareng, waktuna nataan naon bae ngaranna anu 7 sesana bangsa awi anu khas atawa ceuyah kapanggih di tatar Sunda.  Tetela geuning, loba ngaran awi anu pakait jeung ngaran wewengkon, nyaeta anu kaasup toponomi tea. Aeh, apan ngaran-ngaran Ciater, Cicalengka, Citamiyang, Bunar, jsb na eta teh asalna tina ngaran awi. Geus lir ari Ciawi, Kandanghaur, Gegerbitung, jeung Gombong mah. Keun sugan aya waktu ngadadarkeunana.
 
Ayeuna mah geus kumejot hayang ka Pangalengan. Rumasa salila ieu kungsi nyaba ka beulah dinya teh teu kungsi ieuh alak-alak ilik ka lebah rungku awina. Sugan teh teu aya Neng Eul-eul anu camperenik di Pangalengan. Hayu, bilih aya baraya anu maksud nepungan Neng Eul-eul, urang sareng ka Pangalengan, sakalian niis.
 
Baktos,
manAR
 
 
 
 
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke