Punten rada telat. Upami anu dimaksad ku Kang Dani + Kang Manar yen cariosan Ibu Hj. Irene Handono ngagogoreng agama batur, kuring teu sapagodos. Benten antawis nu ngagogoreng + anu nyebatkeun fakta. Kuring yakin ibu Hj. Irene nyarios kitu dina buku + VCD-na didasarkeun kana fakta. Kuring percanten pisan kana cariosan ibu Hj. Irene Hanodo, hiji jalmi anu parantos hijrah ka jalan anu diridhoi Alloh swt (upami teu lepat aya nu nulis/nyebatkeun neng Irene, ieu teh ceuk abdi aya maksud pelecehan). Seueur buktina gencarna penyebaran kristen, sanes bae anu disebatkeun ku ibu Hj. Irene. Dina hal ngajaga supaya ulah keuna imbas kristenisasi, kuring sapagodos + cariosan Kang Manar, yen urang teh kudu bisa nanjeurkeun silaturahmi. Tapi punten, kumaha urang bisa silaturahmi lamun di antara urang keneh henteu saling percaya kana ucapan dulur-dulur urang Islam urang (diantawisna teu percaya kana cariosan Ibu Hj. Irene). Kuring sapagodos oge dina nampi informasi kudu selektif, hartosna henteu langsung diteuruey, tapi pilah-pilah, diregepkeun ku akal nu sehat, larapkeun jeung ajaran agama naha sajalan atawa nyimpang, lamun sajalan jeung ditarima ku akal tangtuna urang satuju, tapi lamun teu sajalan urang teu kudu langsung mere vonis goreng, saha terang aya salah ucap nu teu kahaja atawa aya beja nu teu sampurna. Ka Kang Dani + Kang Manar, punten pisan bilih aya kecap kuring anu kirang merenah, sanes maksad rek ngamusuhan atawa rek papaseaan, estuning ieu mah mung kedal ku rasa nyaah ka sadayana. Lamun aya ucapan kuring anu bener, pinasti datangna ti Alloh Swt, lamun aya nu salah nya nuhunkeun ditawakup + jembar hampurana, margi ieu mah datangna ti kuring sorangan, jalma loba kakurangannana.
Wassalam Jaka --- Dani Ibrahim <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > "Upama urang arek resep kana model informasi > ngagogoreng agama batur, > lain sakuduna urang oge samemehna ngabalitungkeun > yen hiji mangsa > tangtu aya batur anu ngogoreng agama urang. Naha > urang arek resep > oge upama kitu? apan heunteu, lain?. Upama > diteruskeun, antukna > baris ngalahirkeun perang ngagogoreng antara > panganut agama jeung > agama anu dianutna. Apan heunteu produktif lain peta > kitu teh?" > > Sim kuring sapagodos sareng pendapat kang oman, > muhun urang mah ulah > ngagogoreung agama lain, tapi upami ngajeulaskan > pandangan anu miring mah > eta oge diperyogikeun. Ari carana mah keudah > ngangge jalan anu sae, tah > kitu saur teori mah. praktekna mah da jalmi teh > kaduh emosi nya ari rada > seneu sakeudik mah hampura wae. > > > > Dani Ibrahim > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor > --------------------~--> > DonorsChoose. A simple way to provide > underprivileged children resources > often lacking in public schools. Fund a student > project in NYC/NC today! > http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM > --------------------------------------------------------------------~-> > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > > __________________________________ Do you Yahoo!? All your favorites on one personal page � Try My Yahoo! http://my.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

