urang lembur singkur nu alatan ekonomi pajeulit, nyaraba ka timur tengah
jeung nagara dengeun sejen. carana, pausahaan pengerah tenaga kerja (pjtki
kitu), ngutus agen atawa calo ka unggal lembur, neangan sing saha nu daek
gawe di arab misalna. seuseurna istri, pameget saeutik.

urang lembur nu daek, dipenta duit sakitu juta. padahal sabenerna mah
henteu kudu mayar nanaon. masalahna, urang lembur mah arang langka nu apal
yen ari nyanyabaan ka luar nagreg teh perlu passport. komo da aya
depnaker, nu nyieun kartu koneng tea pikeun nu neangan gawe.

si calon pagawe teh dibawa ka asrama. bari diurus sagala rupana, kaasup
passport. sabab lemburna mah jauh, misalna majalengka, kantor pjtki di
jakarta, nya dipangnyieunkeun we KTP aspal nu deukeut ka jakarta siga
bekasi-nu calona geus boga jaringan urusan ktp. ku ktp jeung sarat sejen,
dijieunkeun passport.

sistem distribusi TKI,
di Arab contona, aya pausahaan tenaga kerja. ngorder ka pausahaan
indonesia. butuh tenaga naon, diorder. maranehna meunang untung ti komisi
calon majikan.

pamarentah
pamarentah desa, kacamatan kabupaten komo propinsi kalolobana teu
nyaho-nyaho aya wargana gawe ka luar negeri. tah mun aya mamala, riweuh
we. siga aya tki nu cenah diculik di irak. rada lila kapanggih urang
mana2na. sabab bisa jadi di catetan pjtki atawa depnaker mah urang bekasi,
padahal aslina-oge kulawargana urang majalengka. pangna kitu, nya da
urusanana estuning langsung antara calon tki jeung agen/calo.

ilegal
ari kasus tki ilegal di malaysia mah, nya asup ka malaysiana ge
menyelundup atawa boga passport nu jerona teu aya katerangan gawe, tapi
piknik atawa turis. rada jarang di timur tengah aya tki ilegal sabab jauh
jeung kudu kana kapal udara.

training, umur, medical check up, jst
di asrama PT, calon tki -tkw: baheula mah da kololobana istri, dilatih
make parabot rumah tangga modern bin listrik, kompor gas, masak jeung
sajabana. da di kampungna mah meureun euweuh parabot nu kararitu teh,
biasa masak make suluh paling maju make minyak tanah. kaasup ngurus budak
cara kota. oge dilatih saeutik basa arab. sanajan baroga dadasar basa
arab, tapi da ngan ukur babacaan sholat. tapi ku kitu ge jadi teu aneh
teuing ka basa arab teh.

soal umur, aya aturan. tapi teu hese, da geus hese cape neangan calon tki
ka lembur2. umur di ngoraan dina ktp atawa passport sangkan bisa lulus
sarat maksimal umur. kasehatan bisa lulus oge ari teu boga panyawat parah
mah.

kusabab di arab mah soal orat teh vital, nya calon tki kudu marake pakean
cara arab. nutupan buni oratna.

ngapung
di airport arab, pt nu ngurus ngajemput, kadang2 si calon majikan oge geus
ngadagoan da butuh. terus cicing di imah majikan. aya nu saumur-umur di
imah, aya nu kungsi diajak ka pasar.

adat urang arab
beda-beda tangtuna. aya nu nganggap tki teh ku cara kuno budayana. yen
maranehna teh budak belian, da ongkoh sasatna 'meunang meuli' ti PT.
aya nu bageur. aya nu goreng adat, kaasup arab nu teu kuat nahan parahi-na.

di arab kalolobana istri di imah. teu kamana-mana. lalaki nu gawe di luar,
ka pasar jeung sajabana. cenah.

ieu meunang ngira-ngira.


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke