Alhamdulillah,

Sami Kang Dur, bagea Kang Hasan. Sim kuring oge parantos rengse 2 
surah (An-Naba' sarang An-Naazi'at) tina 3 surah (+ 'Abasa) anu jadi 
hancengan samentara. Ngarojong pisan Kang Dur kana samudaya usaha 
salira dina raraga midamel TQBS kalawan basa Sunda anu merenah. Aya 
ku sapagodos, kamari waktos Abah Surya ku sim kuring ditaros 
pamendakna, anjeunna oge ngusulkeun sangkan milarian bae tarjamahan 
AL-Qur'an Basa Sunda anu tos aya kanggo bahan pamiangan mah.

Mangga lajengkeun bae heula, perkara kalepatan ketik mah rupina Kang 
mh tiasa maparinana koreksi. Namung, aya sakedik usulan, manawi 
bahan katampi, kana TQBS Surah Al-Mu'minun ayat 1 dugi ka 11, 
leresan ayat 7, 8, sareng 11, sarupi kieu:
 
ayat ka-7, asana langkung pas upami tarjamahana kieu: 
7. Tapi, sing saha anu leuwih nuturkeun laku anu satukangeun (di 
luar) ti eta, nya maranehanana teh jalma-jalma anu ngaliwatan wates 
wangen (atawa: wates ugeran)

ayat ka-8:
8. Jeung (anu ariman teh eta) jalma-jalma anu ngajaga amanat katut 
jangjina. 

(catetan: ieu tarjamahan nyoko kana "idhofat" atawa pangbalikan ieu 
ayat anu ngarujukna sanes ka ayat anu ka 7 tapi ka ayat anu kahiji) 

11. Maranehanana di dinya (sawarga)-na teh langgeng

Sakitu bae samentawis. Hapunten, pamugi hal ieu heunteu ngirangan 
sumanget salira dina neraskeun TQBS. Mangga, teraskeun Kang, jalaran 
kalintan seueur kenehna hancaeun urang teh. Anu parantos disusun ku 
sim kuring ke dina waktos anu caket Insya Alloh bade dipostingkeun 
oge kanggo bahan iloeun/koreksianeun sadayana. Hatur nuhun 

Baktosna,
manAR
 
--- In [email protected], "durahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  Kalayan asma-Na Allah, nu Maha Murah,  Nu Maha Asih
> 
> 1. Saestuna geus bagja jalma2 mumin teh
> 2.(Nyaeta) jalma-jalma anu pada khusyu dina salatna
> 3.Jeung jalma2 anu ngabalieur tina perkara anu taya gunana;
> 4.Jueng jalma-jalma anu nyumponan jakat;
> 5.Jeung jalma-jalma anu ngaraksa laranganana (oratna);
> 6.Kajaba keur bojona, jeung keur anu dipimilik ku leugeunna (budak 
belian),
> nya eta mah henteu dicela.
> 7.Tapi sing saha anu hayang leuwih ti kitu, nya marenaehn jalma2 
anu
> ngaliwatan wates-wates wangen.
> 8.Jeung jalma2 anu ngajaga amanat katut jangjina.
> 9.jeng jalam2 anu ngaraksa salatna.
> 10.maranehna teh jalma2 anu meunang waris.
> 11.anu bakal miwaris firdaus, marenehna dinyana langgeng.
> 
> Wasalam,
> durachman





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke