Alhamdulillah, bingah mireng wartos Apih tos sibuk
deui. Saur urang kasehatan mah, kasibukan teh salah
sawios landong ngagumbirakeun hate, sareng awet ngora.

Saur Kang Yaya, di Seoul ayeuna aya nambihan wargi
sunda, ku dongkapna Kang Gery (urang Sumedang, mantuna
Bung Hatta), anu janten jalmi nomor dua di Kedubes RI
di Seoul.
Kuring oge mireng wartos ti pun bojo, dua minggu
kalangkung  papendak sareng bojona Kang Gery (Halida
Hatta), perkawis tempat dinesna Kang Gery di Seoul.

Ari pangemut kuring mah, babakan Kusnet janten rame,
sabada acara Halal bihalal di Cimalati. Sigana
"sumangat" cimalati teh "ruar biasa" pisan. Aya
dorongan anu kiat di kalangan para "kusneter" hoyong
ngayakeun aksi anu nyata kanggo "Sunda sareng
Kasundaan", heunteu mung sakadar "hahalowan" di
internet.
Dorongan sumanget eta, anu nuju bade dipidamel ku
Kusnet Jakarta. Nyuhunkeun do'ana wae Pih, ,mugi
lancar teu aya halangan.

baktosna,

mrachmatrawyani

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamualaikum wr. wb.
>  
> Kumaha daramang para wargi..???, mugi-mugi bae
> sadayana nuju aya dina kasalametan sareng
> karahayuan.
> Punten yeuh nembe tiasa ngalongok lembur, raraosan
> tos aya dua sasihna teu ka babakan, tisabarang
> wangsul tilembur. 
>  
> Tetela geuning dina waktos anu dua sasih teh seueur
> pisan wargi-wargi enggal, kukituna sim abdi
> leuir-leuir oge, kapara wargi enggal, ngahaturkeun ;
> "Wilujeng Sumping", "Wilujeng Ngariung Mungpulung"
> diieu Babakan, mugia sing betah kalawan tumaninah
> ngiringan diieu milis, mangga ulah asa-asa, insya
> Allah seueur pulunganeunana, seueur petikeunana
> kalayan seueur alaeunana, boh pangaweruh nyakitu
> deui tali silaturahmi.
>  
>  
> Wassalam
>  
> SSW
> nuju ngahekok......
>  
>   
>     
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke