Dina surat Al-Mu'minuun ayat 6 sareng aya deui dina surat Al-ma'aarij ayat 30, ayat eta teh ngajeulaskeun teu meungang zina kajaba ka budak belian atawa ka istri anu jadi tawanan perang...nyaeta wanita2 (istri2) urang kafir. Anu dina waktu harita geus umum yen istri anu jadi tahanan dijadikeun piaraan ku tentara anu meunang perang. Jadi dina hiji tahap peradaban islam ngameunangkeun ngagaulan (menggauli) istri/wanita anu jadi tawanan perang, boh mangsa kapungkur, ayeuna atanapi engke.
Tapi saterusna boh ka wanita/istri anu didagangkeun atawa ditawan perang aya konvensi internasional anu teu ngameunangkeun. Jadi islam oge ngalarang lamun nganyatujuan kana perjanjian internasional (sifat islam komprehensif). Sedengkeun salah sahiji kawajiban saurang muslim nyaeta "aufu bil u;qud" anu hartina penuhi/laksanakeun perjanjian.
Aya samentara pihak anu nganggap saperti pembantu atanapi TKW, salaku anu " maa ma lakat ae maanuhum", hal eta henteu dibenerkeun sabab pembantu saperti TKW mah statusna salaku pembantu atanapi pagawe anu ku islam kudu dianggap sebagai kaluarga anu meunang penghormatan saperti ka jalma anu merdeka biasa.
Mung sakitu tambihan ti abdi. Sateuacanna punten upami aya kalepatan tina bahasa.
 
 
Neng Iva

Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,

Bongan digero, nyoko kana patarosan Kang Durhaman anu akhir di
handap, mugi kersa nya sabar kana pedaran ieu. Ngeunaan ayat ka-6
Surah Al-Mu'minun anu ditaroskeun ku kang Frendy tea. Lain jawaban
ieu mah, sabab pamustunganana ieu tutulisan minangka "jawaban" teh
taya lian ti pangakuan: sim kuring oge teu terang naon maksadna.

Al-Qur'an, Surah Al-Mu'minun ayat ka-6:
(jeung (manusa-manusa anu ariman teh eta) manusa-manusa anu
ngarariksa farjina), kajaba (iwal ti) ka papada bojona, jeung ka
masing-masing anu diparimilik ku leungeun katuhuna.

Puguh eta, "maa malakat aimaanihim" anu ku kami ditatanyakeun salila
ieu oge. Saha atuh anu dimaksud ku eta kalimat teh. Memang dina
tarjamahan Depag, upamana, aya ketarangan kieu (catetan kaki nomer
995): "Anu dimaksud ku 'maa malakat aimaanihim' teh nyaeta (wanoja-
wanoja) budak beulian anu kacangking tina pangperangan ngalawan
jelema-jelama kafir. Dina pangperangan ngalawan kaum kafir teh,
wanoja-wanoja anu katawan (B. Ind: tawanan perang) biasana dibagi-
bagikeun ka kaum Muslimin anu ilubiung dina eta pangperangan; jeung
kabiasaan eta lain hiji hal anu diwajibkeun. Imam (pimpinan perang?-
manAR) bisa bae ngalarang ieu kabiasaan teh, tingal saterusna
catetan kaki no. 282". Kitu katerangan eta ayat sakumaha dina
tarjamahan Depag anu aya kaca 526).

Anapon anu dimaksud catetan kaki no 282 nyoko kana catetan kaki
pikeun ayat ka-24 tina surah Al-Baqoroh. Unina eta ayat teh
kieu: "jeung diharamkeun (oge pikeun aranjeun kawin ka) wanoja-
wanoja anu boga keneh salaki, kajaba ka (wanoja-wanoja eta teh
= "maa") aya dina kakawasaan aranjaeun ("malakat aimaanihim").
Katerangan catetan kaki nomer 282 teh sarua jeung nomer 995 yen anu
imaksud ku "ma malakat aimaanihim" teh eta sing saha bae wanoja
kafir anu statusna budak beulian (meunang) tina pangperangan) anu
boga salaki tur salakina teu miluan (beunang) katewak (katawan).

Sanajan aya katerangan kitu sakumaha ceuk tarjamahan Depag, keur
kuring tetep jadi patarosan. Naha lain aya aturan kawin (nikah)?
Naha make kudu khusus aya ayat ngeunaan "maa malakat aimaanihim"
alias wanoja-wanoja anu katawan tina hiji pangperangan anu salakina
teu (milu) katawan? Naha lain prak bae eta wanoja-wanoja teh (upama
geus cukup lumangsung mangsa 'idahna, sakumaha aturan nikah ka randa
kalawan rarandaana teh make aturan teu dinafkahan (lahir batin) 3
bulan tuluy-tuluyan "direujeungan" (D. Ind: digauli), sanggeus
samemehna ditikah heula? Naha masih diperlukeun ayat ngeunaan "maa
malakat aimaanihim"?

Kana eta patarosan di luhur, saheulaanan aya dua alternatif jawaban
anu duanana bawiraos papada mibanda hikmah tinangtu. Jawaban anu
kahiji, ayat di luhur teh enya maksudna sakumaha dina catetan kaki
tarjamaha Depag, tapi ku geus turunna ayat-ayat aturan nikah anu
geus sampurna, eta ayat teh dimansunkh, alias geus teu dipake deui
(implikasi hukumnya, alias "tidak berlaku lagi"). Apan dina AL-
Qur'an teh ayat aturan ayat-ayat nasikh wa mansukh tea, alias ayat-
ayat anu mupus jeung anu dipupuskeun. Hikmah tina tafsir anu ieu,
aturan ngeunaan budak beulian anu kasebut dina eta ayat geus teu
meunang digunakeun deui. Hikmah jauhna, Islam geus ngalarang soal
budak beulian jeung unak-anik aturan sejenna ngeunaan hal eta.

Alternatif jawaban anu kadua, ayat-ayat eta tetep heunteu dimansukh,
tetep digunakeun jeung sagala implikasi hukumna. Upami ieu anu
dianggo, hikmahna, rupina, aya kasus-kasus tinangtu, boh di mangsa
jaman baheula, ayeuna jeung pikahareupeun anu bisa dianggeuskeunana
teh nya ku digunakeunana eta ayat. Upamana bae, kasus sapasang
lalaki jeung wanoja, lain muhrim, lain pasangan anu geus nikah anu
syah. Eta sapasang manusa teh akil baleg duanana, aya di hiji tempat
anu hara-haraeun, jauh kaditu kadieu anu teu bisa ngalangsungkeun
pertikahan sakumaha ceuk sara, sedengkeun maranehanana sadar kana
aturan nikah, tur silih mikacinta, hayang ngawangun rumah tangga
atawa teu kuat nahan nafsu pikeun ngalakukeujn hubungan (fisik)
normal sakumaha salaki jeung pamajikan. Kajadian sarupa kitu teh
bisa bae kajaian di alam ayeuna atawa ka hareup, upamana: kasus
kacilakaan kapal udara anu rag-rag di tempat hara-haraeun jauh
kaditu kadieu, nalika anu salamet teh ukur sapasang manusa sakumaha
anu bieu digambarkeun.

Ngan aya anu pikamelangeun upama larapan anu akhir ieu anu
digunakeun. Kungsi aya anu ngaharewos, harewos anu matak nalangsa,
upama ayat eta teh tetep digunakeun (sah) salaku dasar hukum. Eta
pakait jeung para TKW urang di nagri Arab. Kieu geura dongengna:

Ceuk sobat nu ngaharewos teh: "Boa-boa loba TKW urang "diperkosa"
(ceuk anggapan urang atawa ceuk eta TKW), kulantaran beda rujukan
hukum".
Ceuk kuring: "Ari kitu kumaha?"
"Enya, syek-syekh Arab juragan TKW mah nganggap sah campur-gaul
hubungan tug tepi ka sapetemon jeung para TKW urang teh, sabab ceuk
maranehanana mah Al-Qur'an oge ngijinkeun peta kitu teh", ceuk
babaturan nembalan.
"Naha aya dasar hukumna dina Al-Qur'an pikeun peta sarupa kitu?",
kuring tatanya panasaran.
"Aya, apan eta ayat anu ngandung kalimah 'maa malakat aimaanihim'
tea!", manehna ngajawab.
"Euh, jadi TKW urang teh dianggap ku sykeh-syekh di ditu mah
salaku 'wanoja-wanoja' tawanan perang, disaruakeun jeung budak
beulian baheula?", cekeng teh rada heuras.
"Enya meureun, pangna maranehanana lalugina ngalakukeun laku anu teu
uni model kitu oge!", ceuk manehna bari ngagejlig indit.

Urang bantun hikmahna deui bae (etang-etang diajar jadi ahli
hikmah): salah sahiji hal anu matak kudu ati-ati dina ngirimkeun TKW
ka nagara-nagara Arab teh nyaeta bisi diditu, sykeh-syekh Arab,
nganggap wanoja-wanoja TKW urang teh salaku anu dimaksud ku
ayat "maa malakat aimaanihim".

Cag. Hapunten, rumaos panjang teuing seratan teh sareng bilih seueur
lepatna. Mangga, nyanggakeun.

Baktosna,
manAR

--- In [email protected], "durahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mangga taroskeun ka nu langkung tinggi ilmuna atawa baca buku
tafsir (tafsir
> Al azhar, ibnu Katsir,...). Kuringmah rumasa keur diajar keneh.
Panginten
> kang Oman tiasa ngawaler patarosan kang Frendy.
>
> ----- Original Message -----
> From: "Frendy" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Friday, February 18, 2005 6:27 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Quran terjemahan basa sunda, geus
> meunang/Almu'minun 1-11
>
>
> >
> >
> > Hapunten bade tumaros,
> > ari maksadna tina ayat ka 6 teh naon, nya Kang ?
> >
> > Nu kumaha ari budak belian di taun 2005 ieu, aya kitu ?
> > Sareng upamina aya, naha HALAL "dikukumaha wae oge" kitu ?
> >
> > Hatur nuhun, ah...
> >
> > Baktosna,
> > Frendy
> > > 6. Kajaba keur bojona, jeung keur anu dipimilik ku leugeunna
> > > (budak belian),
> >





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke