Baraya,
 
Kajadian musibah di TPA Leuwigajah, geus kapireungeuh ku urang sadaya, sakitu matak prihatinna. Numutkeun para ahli, ieu teh ngarupakeun musibah gabungan antara kajadian alam (hujan, sifat taneuh anu jadi hambalan) jeung laku lampah manusa (khususna anu kapapancenan ngokolakeun runtah, jembarna pamarentah). Kukituna, tina sisina anu bisa diikhtiaran ku urang, sakuduna urang neangan akal sangkan kajadian sarupa kitu teh, pikahareupeun, heunteu kaalaman deui.
 
Tina ngadu bako di koran, khususna anu keur silih salahkeun jeung anu pakupis nangkis, sadayana asana kudu buleud kana pamadegan perluna hiji cara ngokolakeun runtah di Bandung jeung sabudeureunana (jsb), anu eta cara ngokolakeunana teh mibanda sifat: sanggup nyerep produksi sampah warga Bandung jsb sakumaha bae lobana. Sifat sejena, upama bisa mah hasil ngokolakeun runtah teh jadi hiji hal anu mawa manfaat. Upamana bae, lain bae jadi kompos hasil runtah olahan teh, tapi malah tug nepi ka jadi gemuk sarupa NPK super anu kumplit kandunganana, boh organikna, unusr makrona (N, P, jeung K), atawa unsur mikrona (beusi/Fe, Alumunium/Al, tembaga/Cu, Mangan/Mn, Boron/B, Cobalt/Co, jst), luyu sakumaha anu dibutuhkeun ku pepelakan atawa tutuwuhan dina tatanen.
 
Cara ngolah runtah sakumaha ditataan di luhur teh lain hiji hal anu enteng, sok sanajan lain hal anu mustahil. Teu enteng, sabab dina enas-enasna mah tetep bae, anu pangdiperlukeu-nana dina raraga eta  taya lian ti 'political will pamarentah, sosialisasi ka masyarakat, jeung kasadaran urang sarerea pikeun ngarojongna. Emut kasus pausahaan anu ngokolakeun runtah anu didemo di Bojong, Bogor? Tah sarupa kitu balukar tina teu ayana kasayogian ti sadayana.
Kaasup enteng, jalaran satemenna pangaweruh jeung teknologi ayeuna geus nyumponan pikeun ngawujdukeun kahayang anu hade anu disebut tadi di luhur.
 
Ongkoh ari runtah, taneuh lingkungan tatanen, jeung tutuwuhan teh mibanda kasaruaan unsur anu bisa silih untungkeun upama dipateakeun kalawan daria, nyatana anu disebut zat organik tea. Runtah ngahasilkeun zat organik anu diperlukeun ku taneuh lingkungan tatanen katu ku tutuwuhanana. Malah mah, nyoko kana hal ieu pisan, kungsi aya anu ngalalanyahan, ngasongkeun program ngokolakeun runtah jadi gemuk NPK Plus anu kumplit tea, kapayuneun para pangangung pamarentahan jeung urusan sampahna pisan. Urang coba pesek deui ieu jejer anu geus sababaraha kali diposting sakumaha tiasa dibukaan di arsip file ieu milist.
 
Sakumaha geus kungsi diposting, enya kami nyaksian, sababaraha poe ka tukang, malah tepi ka ayeuna, keur tetep diusulkeun program ngokolokaeun runtah jadi NPK Super Grammor (Granular Mikro-Makro Organik). Ieu rumus Grammor teh ciptaan salah saurang inohong Sunda, lulusan Fak. Pertanian Unpad angkatan kahiji. Konsepna nganggo naon anu disebut konsep "Innaalillaahi wa innaa ilaihi roo'jiuun". Alias, naon anu asalna ti alam, sakumaha kawijakan karuhun urang baheula dina tatanen, kudu balik deui ka alam, kalayan dina sajero lalampahana (prosesna) ngahasilkeun pirang-pirang manfaat.
 
Eta manfaat anu pohara lobana dina sakali prosesna teh, anu asup kana babasan dina basa Indonesiana mah "sekali mendayung dua-tiga pulau terlampaui", kulantaran Grammor dirarangkay ngamanfaatkeun pirang-pirang runtah (pasesaan) jadi poroduksi. Ceuk dina elmu lingkungan mah ieu teh kawentar salaku proses anu ngarubah saloba-lobana "waste product" jadi "main product". Ceuk urang Sunda mah proses kitu teh meureun anu kaasup babasan "buburuh dahar diupas beas" tea.
 
Kukituna, Grammor heunteu eureun ukur dina ngahasilkeun kompos tina runtah, sabab kompos mah karek "satengah jalan" (masih eleh saingan jeung pupuk kandang, upamana jeung wangunna anu kurang ekonomis upama diusahakeun). Grammor tetep ngarujuk kana kaperluan patani kana gemuk pril (granular atawa butiran tea), sakumaha geus ngabudaya dina wangun Urea, TSP, KCl anu ayeuna diparake ku patani. Ngan, Grammor aya kaleuwihanana, nyaeta teu mopohokeun organik anu kalintang diperlukeunanan ku taneuh pertanian katut ka pepelakanana.
 
Ngan hanjakal, sigana malati tacan lingsir ku wanci, campaka tacan ligar ku mangsa. Ieu konsep anu rarancangna sabenerna geus tepi kana disain teknis teh sigana teu acan kalandep ku para pangagung pamarentahan di urang, sok sanajan tos dugi ka aranjeunna. Taun 2002 si kuring nyakseni, konsep Grammor kapilih salaku salah sahiji pintonan wawakil Jabar dina Pameran Lingkungan Hirup sadunya anu diayakeun di Nusadua, Bali anu diluluguan ku bplhd Jabar. 
 
Ti dinya, dina raraga terus usaha, Grammor teh kungsi oge anjog ka dinas kebersihan Kota Bandung. Pon kitu deui, waktos gubernur jabar ayeuna nembe diistrenan, ieu proposal Grammor teh, teu nginjeum ceuli, teu nginjeum panon, katampi pisan ku anjeuna, da harita teh ngiring nyarengan tim ti sundanet.com nepungan gubernur enggal. Mung nyakitu, malati tea...oh malati. Sigana urang mah kudu ngadagoan bae aya kajadian....karek eungeuh....leuheung lamun kitu....tapi upama anggur silih salahkeun....? paralun.
 
Saterasna, ngeunaan ngokolakeun runtah jadi hasil sarupi Grammor, mangga bae tiasa diuningaan kingkilabanana dina arsip file di alamat ieu: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/11086
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/9794
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/6112
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/2632
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/2630 
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/2570
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/1336
 
Anu jadi pamaksudan teh taya lain, manawi bahan katampi, patali jeung gempungan US/kisunda di Jakarta pageto, kumaha upama ieu jejer ngokolakeun runtah teh dirojong sangkan jadi hiji jejer paguneman. Anu katoong mah tina ngaringkelkeun jejer ieu, Grammor upamana salaku model, mangfaatna kalintang ageungna, boh pikeun rahayat loba (patani jeung ekonomi alit: kabutuh kana gemuk kacumponan dina mangsana diperlukeun, gemuk alus tur hargana murah, ngaronjatkeun hasil tatanen, multiple effect tina industri, jrrd), pamarentah (diantarana apik kana devisa sabab impor bahan N, P sareng K engkena bari ngurangan; nyumponan kaperluan gemuk nasional anu kualitasna sae), oge lingkungan tatanen ( ngahengker masalah anu mucunghul tina tumpukan runtah, ngaronjatkeun kabersihan kota, ngahulag degradasi lingkungan pertanian, ngaronjatkeun "kesuburan" jeung "kegemburan" taneuh pertanian).  Nya etang-etang input atawa asupan pikeun ngawangun budaya Sunda lebah unsur ekonomi, kamasyarakatan jeung lingkungan, sangkan saimbang jeung unsur budaya sanesna.
 
Baktosna,
manAR
 
 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke