hatur nuhun kang Eddy kana komentarna, katampi kalayan kabingahan,
mugi2 sing jadi enteng keur urang sadaya,
ceuk pamanggih simkuring
kabeh oge bener, rek di adurenyomkeun di milis, di HS atawa dimana wae bener
nu salah mah ceuk kurang sunda sunda, nu teu nyunda bari teu hayang2
acan ngaku urang sunda..

baktos
Agus Pakusarakan


On Mon, 28 Feb 2005 17:59:23 -0800 (PST), Eddy Nugraha
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> Lantaran neundeun harepan nu gede ka sabangsaning
> 'kusnet', sim kuring ngahajakeun nulis nu 'critical'
> ngeunaan panglawungan di Hotel Santika sabada ngilo
> laporan Kang Oman; jeung ngilo sababaraha komentar
> kawargian urangsunda/kisunda nu ngan sawarna jeung
> ngan saukur 'muji'/'agul':
> 
> LAMUN saukur panglawungan teh ningkatkeun silaturahmi
> di darat eta teh perlu pisan, sabab ku panggih
> langsung bisa leuwih ngadeukeutkeun 'karaketan' masing
> masing anggota. Eta kagiatan kudu terus diseringan.
> Kawas nu kaalaman ku kuring taunan katukang pernah
> ngilu sakali boh di sundanet; boh di musium Jabar boh
> di itenas na Kang Jamal nu ku kitu teh sanajan teu
> pernah deui ngiluan atawa panggih nepikeun ka ayeuna
> kuring resep ngumpul sabisana di millist kisunda/urang
> sunda sabab apal jeung resep ka aranjeuna (hasil
> panggih langsung). Malah lamun katangen seueur
> kawargian nu anyar nu jeung aranjeuna kuring ge
> langsung ngarasa deukeut ka nu aranyar teh da pasti
> 'sakaresep' dumasar kana cecekelan  'jalma mah ngahiji
> teh jeung nu sakaresepna'.
> 
> TAPI  LAMUN,  panglawungan harita teh bari ngabahas
> program jeung udagan sunda ceuk kuring mah teu
> praktis; meak meakeun duit; nu ngilu teu sariap;
> hasilna teu puguh.
> 
> 1.      Alusna mah lamun ngan menta pamanggih Mang Ayat
> (ahli) geus we gunakeun millist  kumpulkeun nu hayang
> dipenta  tina kaahlian mang Ayat atawa nu lianna
> sawalakeun di millistâ suhunkeun anjeuna ngintun ka
> Millist pan jadi kabeh bisa ulubiung; Tah karek  di
> darat  di hotel mah lamun geus arek ngalaksanakeun
> 'declaration' atawa 'final program' atawa 'panel'
> atawa 'debat' nu Kusnet na geus puguh lengkep boga
> bahan-bahanna aya wakila meh katanggarakeun di eta
> hotel ka umum kusnet teh boga pamanggih nu sajajar
> jeung 'ahli'; eta bakal leuwih nguntungkeun Kusnet.
> 2.      Saran Kang MGT nu kedah seueur silaturahmi jeung
> sasama atawa saluhureun oge sarua teu kudu lewat  di
> hotel  (aos di darat) jeung deui sering di dugikeun ku
> Kang MGT â cukup di Millist wae di padungdengkeun
> teknikna jadwalna jeung saha sahana nu rek ngilu jeung
> nu rek dituju naon targetna; Lamun hayang 'rahasia'
> kirim we lewat japri nu keur umum kirim di millist
> sunda. tah di darat mah lamun geus rek indit
> babarengan manggihan 'inohong' pikeun ngajelaskeun
> saha kusnet jeung naon ciri/kamampuhna
> 3.      Ide pabukon, lamun ngan kawas kitu, cek kuring mah
> ide klise nu ngan hese cape jeung aweuhan hasilna moal
> gede jeung moal lana: mangga tingali tos sabaraha taun
> ide eta di pidamel? Dugi kamana hasilna? Hese seuseut
> seuat  ku dana bari lamun bisa teh kumaha supaya bisa
> kapake ku nu maca? Naha henteu leuwih alus lamun ide
> pabukon ieu teh ditambah (alternatif programna) ku
> cara kusnet jadi mediator atawa agen ngamajukeun
> pabukon nu geus aya misalna di Bandung; buku-buku
> sunda di pabukon ayeuna UNPAD, UPI , PEMDA, PROF DODI
> euweuh atawa jarang dibaca geus aya oge. Tah  kumaha
> lamun KUSNET teh ngayakeun event 'DANCOW KUSNET
> reueus/maca buku sunda' misalna lomba keun antar
> SD/SMP/SMA ..tah efek domino na bakal gedeâpan kolot
> na jadi ulubiung ngilu mantuan da geus hese tea basa
> sunda teh/tapi saha nu embung nagbantuan anakna
> meunangâterus buku sunda bakal nambahan sabab kawas di
> pabukon prof.Dodi kan teu meunang nginjem ka imah,
> jadi lamun hayang bisa maca dimah kudu motocopy
> jrrd..jrrd efek dominona. Dulur!!! Kawas ayeuna nu
> dibutuhkeun teh melek komputer..teu kudu mikiran
> (HEULA) supaya ngalarti program 'assembly language'
> susah jeung can tangtu aya gunana nu penting mah bisa
> make komputer. KUSNET ge lamun perceka mah gancang
> katanggarakeun ka umum sabab kagiatana aya aweuhanana.
> 4.      Komentar2 kana ide kang Ganjar, sakali deui,
> nunjukkeun teu pati dibaca/siap. Sabab lamun ditingal,
> diantawisna, ide kedah 'nyiapkeun materi nu standard'
> bakal, tiasa janten, ngajadikeun ide sae ieu teh
> saukur nu ku kang Ganjar na ku anjeun âdina seratan nu
> sanes - disebat saukur 'wacana'(konsep 'sekolah' /siap
> dibaca teu siap dipake cat:eddy). Da kasundaan na teh
> masih 'diperdebatkan' ari ayeuna disarankan ngadamel
> nu standar berarti kedah aya 'kasundaan' nu lain nu
> jadi saukur dimarginalkeun/ sanes standarâatuh engke
> lila di wacana deui. Tapi beda deui lamun materi
> kursusna sanes standard/umum tapi pilihan/prioritas
> eta mah bakal ngurangan papaseaan. Jrrd..jrrd nu engke
> hoyong langsung didugikeun dina jejer husus. Sabab ide
> kursus anjeuna na satuju pisanâmalah bari jeung
> atohâsabab bisa jadi salah sahiji jalan ngaronjatkeun
> image kusnet (lamun bisa). Tinggal nohonan ajakan tina
> eta bahan supaya leuwih matotoskeun ngeunaan argumen
> argumen nu dipake jrrd..jrrdâdi bahas di Millistt
> heula teu kudu di hotel.
> 5.      Kuduna  KUSNET ngadorong ide ide kreatif nu geus
> aya di millist lamun aya KOPDAR di sabangsaning HOTEL
> teh; Tiasa wae diayakeun penghargaan dina kopdar teh
> ka salah sawios anggota nu berprestasi misalna wae ide
> sae na kang Mh dina koropak 59; dina waktos nu teu
> lila jeung teu di bantuan ngadegkeun website sunda
> jeung eusina hese cape ngumpulkeun tulisan batur malah
> nerjemahkeun jeung bisa ngajak batur ulubiung nyieun
> qur'an sunda (keur dipaju). Penghargaan ieu perlu di
> lakukeun supaya ngadorong nu lain pikeun migawe sarupa
> jeung nunjukkeun ka bangsa sunda yen KUSNET teh aya.
> 
> LAMUNâ
> Kuring terus nuliskeun ka teu resep bisa jadi kuring
> nu teu dipikaresep. Sabab hayang mihapekeun maneh da
> betah di Kisunda/urang sunda, tulisan ieu dianggeusan
> heula.
> 
> Neda nawakuf bae.
> 
> Baktosna
> Eddy Nugraha
> 
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
> http://info.mail.yahoo.com/mail_250
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke