barudak sunda kiwari mah jigana, utamana nun digedekeun di kota, boa apal boal heunteu kana naon anu disebut kolong. pikeun urang sunda entragan 70-an katukang mah tangtu arapal, sabab loba panineungan jeung nu disebut kolong teh. paling heunteu, pernah make kolong dina kaayaan walurat, upama tengah peuting geus teu katahan hayang kiih. nya sok diponcorkeun kana rongrang, lolongkrang palupuh, terus mancer ka kolong.
loba deui kagunaan kolong teh. salian sok dipake liang pancuran walurat, oge sok dipake kandang ingon-ingon. baheula mah ngukut ingon-ingon jiga hayam, marmot, jeung kelenci teh kandangna sok di kolong. numatak kitu, najan teu aya weker oge, wayah janari kasubuhnakeun urang lembur mah geus ting karuniang hudang, sabab kageuingkeun ku hayam jago kongkorongok di kolong. urusan kolong teh geuning lain tempat, lain wandana. kolong imah urang sunda ukuranana biasanya kurang ti satengah meter. beda deui jeung kolong imah urang banjar misalna, kolong imahna teh leuwih luhur, bisa dipake keur kandang ingon-ingon jiga embe jeung sabangsana. salam, mh ===== dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/ __________________________________ Do you Yahoo!? Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. http://mobile.yahoo.com/maildemo ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

