ngadongeng noong ka kolong teh salian keur panineungan
ka lembur, oge pikeun ngolongan sugan aya dongeng
baraya perkara tuang toong. cing ayeuna urang noong
seler sejen, dina hal naon anu jadi kaunggulan budaya
maranehna, anu bisa ngahasilkeun maranehna survive.
biasana upama urang ninggali seler sejen sok rada
apriori, nu katinggal ngan kagorenganana. padahal
tangtu wae aya kaluhungan-kaluhungan anu jadi watek
eta seler, nu bisa ngajadikeun manehna nyaliara ka
mana-mana. mislna urang cina jeung jawa.

sugan aya pangalaman baraya, cing pang noongkeun urang
jawa. naon kira-kirana kaunggulan maranehna. sementara
nu katinggal ku kuring, upama urang jawa panggih jeung
baturna hog-hag ngobrol make basa jawa. kumaha kang
tito, teh tien lu lami di jawa. oge baraya sanesna.
naon kira-kira kaunggulan urang jawa nu bisa jadi
bahan pieunteungeun urang sunda.

salam,
mh

--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wararaas Kang, enya asa kaingetan pangalaman keur
> leutik ku tulisan ngeunaan kolong teh. Inget keneh
> bae keur meujeuhna kembang pakarangan ceuk babasan
> mah harita teh, ari ti peuting lamun hayang
> kahampangan teh sok milarian kolong. Praktis da
> pacilingan teh sasatna di jero imah, lebah manah bae
> asal aya conggang (di Garut mah "rongrang" tea lain,
> istilahna) dina balagbag (palupuh) imah, nya didinya
> hajat leutik teh dilepaskeunana.
>  
> Aya deui Kang, kolong teh biasana nampeu ka balong.
> Da nyakitu, di tempat anu loba balongan mah, balong
> teh mindeng papipir jeung imah. Tah, lebah
> ngabedahkeun balong, kolong teh sok jadi pamiceunan
> leutak anu geus lila nyaeuran balong. 
>  
> Sigana enya, baheula, kahirupan masyarakat Sunda teu
> lepas oge ti kolong. Kolong imah, nyimpen sagala
> rupa panineungan jeung sajarah anu nyicingan eta
> imah. Ieu teh, pakait jeung  judul jejer, asa
> ngailhaman ngeunaan hiji babasan. Boa-boa, ka
> hareup, babasan "tungkul ka jukut, tanggah ka
> sadapan" teh meujeuhna ditambahan nu "noong ka
> kolong".
>  
> baktosna,
> manAR 


=====
dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke