" Asa ngarey ningalina lo !"
" Naon tea mang ?"
" Itu DPR arocon deui !"
" Enya mang, badis we taman kanak-kanak !"
" Boa boa engke mah dihareupeun kantorna aya paragi sosorodotan jeung ayun-ayunan lo !"
" Enya mang, samemeh rapat arulin heula didinya !"
" Sigana baju safarina ge bakal diganti kusaragam tk kumplit jeung dasi kupu-kupuna !"
" Asa kabina bina teuing, bejana kamari ge sing gorowok deui mang, malahan aya nu ngahaleuang lagu sayonara sagala !"
" Enya lo, hawar hawar kadenge, sayonara....sayonara... sampai berjumpa pulang, hari senen kita arocon deui !"
" Mun aya urang sunda mah pasti ngahaleuang lagu "pileuleuyan" nya mang!"
" Heueuh lo, rapat can rengse ge geus barubar, ceuk urang mah rengsekeun heula nya, meh teu gantung areuyeun !"
" Enya mang, matak buru-buru balik ge bisi teu kaburu nongton spongebob jeung sidora sigana mah !"
" Ah dasar we, gajih hayang nerekel naek ari gawe ngan raribut wae !"
" Enya mang, mun kongang mah hayang ngagorowok make toa nurutan peterpan " DPR ada apa denganmu?"
" Ari emang mah nek ngapalkeun lagu "balonku" we bisi jaga diangkat jadi anggota!"
" Anggota naon mang ?"
" Enya, anggota kinderganten van senayan !"
SR


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke