mangga kang, di dukung programna,
iraha atuh bade urang sunda nu janten presiden na.
ah da ngalamun haratis..
urang sunda nu cocok jadi presiden sahanya?
nu rada kaciri lah potensi ti ayeuna,
anu adil
anu cerdas
anu iman
anu taqwa
anu disiplin
jst..
ah pokok na anu alus2 wae..
sigana ..
aa gym.
 
satuju !!!
 
ok
 


sindang_asih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,

Mun kuring jadi persiden. Anu pangheulana dilakukeun, memeh nanaon
nyaeta:
1. Nyiapkeun transportasi anu hade, ngenah dipake (make AC, bari teu
pasesedek, da), loba, tur jalur khusus (siga busway). sakabeh
transportasi eta lumaku di satiap provinsi.
2. Bari hal eta disiapkeun, kuring bakal ngalakukeun konversi sakabeh
pausahaan transportasi moal dikelola ku operator swasta, tapi nagara.
Tangtu make sistim panyaring anu ketat (bener teu, nya!), sahingga
bisa kapilih pausahaan tur supir-supir anu hade.
3. Di satiap Pool beus, kuring nyieun POM bensin. Make sistem anu
anyar,  saperti pembayaran make ATM bari make sistim pemindai sidik
jari, sora, tur gurat mata (siga dipilem, tapi bisa da!), sahingga
data nu meuli jeung nu makena bisa katohyan. 
4. Ieu pang spektakulerna. BBM ku kuring langsung ditakkeun 20 kali
lipat. Bari langsung teken kontrak yen salila kuring ngajabat presiden
minimal lima taun moal aya deui kenaekan. (engka alesana ku kuring
dijelaskeun)
5. Pajak kendaraan bermotor gilinding opat kaluhur salian ti anu keur
transportasi, ditaekkuen oge 20 kali.
6. Angkos parkir oge ditaekkeun 20 kali lipat perjam-na ti anu ayeuna.
7. Aparat pajak diganti ku nu anyar, profesional, siga pausahaan
swasta, integrated jeung bank, jadi bisa mayar pajak online. Aparat
pajeg eta deuk dipersenjatai, mawa bedil atawa pestol.
8. engke disambung deui

ALESANNA

1. Kunaon transportasi? sabab, kalobaana jelema make mobil sorangan
kusabab sarana tranportasi urang anu butut, teu ngenaheun.
2. ku naon kudu jadi pusahaan nagara? supaya teu kudu ngudag setoran.
Percis siga baswey (busway). jadi satiap panumpang bisa merkirakeun
tepat waktu dina satiap perjalanan. supirna kudu anu ngabogaan
dedikasi, tangtu gajihna oge kudu cukup.
3. POM bensin di pool, supaya bensin anu ku kuring dinaekkeun 20 kali
lipat tea, di pool mah, da keur konsumsi publik tea, bisa murah. Siga
di pool na TAXI Blue Bird. Basa bensin Rp. 1810, di dinya bisa mere
harga Rp. 1440. Jadi di pool eta mah, bensin tetep hargana siga
ayeuna. Malah mun perlu haratis wae. anu meulina kudu make kartu
khusus tea.
4. Ku naekna 20 kali, kuring bisa ngitung inflasi harga minya dunya
salila 5 taun. satarik-tarikna 10 %, kali 5 berarti jadi 100%. Lima
taun inflasi ngan 100%. Kuring boga bati keneh 1900 %.
5.6.7. Kitu deui, tina eta pajeg, pasti meunang duit gede. tapi ulah
loba rempan, da mawa mobil.


TARGET
Baraya,
Kunaon kuring jiga teu mikiran rahayat leutik.
Teu pisan-pisan. Justeru tina duit eta, kuring bakal ngaharatiskeun
sakola minimal teupi ka SLTA. Beasiswa jang mahasiswa dieuyeubkeun.
Salian sakola (atawa widang atikan), anu yakin haratis nyaeta biaya
kasehatan standar. Kageh haratis. Anu mahal-mahal mah panyakitna,
dipilihan. Ti mana duitna? pasti tina hasil BBM jeung Pajeg tea.
Target kuring anu lain nyaeta, hayang ngomean alam. Lain deuk
ngalengkahan takdir atawa pangeran, tapi ieu mah tarekah we.
Itungana kieu?
Mun PKB mahal, sugan we rada hemar-hemir anu meuli mobil teh. mun
tempat parkir mahal, tangtu rada haroream mawa mobil da sieun ka getok
ku waktu parkir. coba bayangkeun, parkir sa jam kudu dua puluh rebu.
jadi mun mawa mobil oge, urang moal ngadon ngobrol wae di mol, kafe,
jsb. tapi pasti gura giru balik ka imah. di imah mah parkirna
haratis!. di jalan lancar, da mobil ge kurang. Tangtu kudu aya
alternatip. aya, pan transportasi publik geus hade. jaba murah, jaba
tepat waktu. jaba loba. jaba bebas polusi, da BBM na anu panghadena,
tur pang ramah lingkungan. pasti kabeuli da nagara anu meuli make duit
hasil tina BBM mahal.

ieu komponen jeung faktor bisa diitung. komo dilamun mah, tereh.
punten, kuring mah rada teu apal kana model-model ekonomi siga LPEM
UI. kuring mah make niat hayang ngomean alam anu geus ruksak ku karbon
dioksida.

Tah, kuring hayang kampanye BBM mahal dina konteks ieu. Tangtu bakal
dipiceuceub ku pengusaha. sabab teu pro bisnis, tapi pro poor.

ah, ketah pedah pengusaha di urang we rada manja. meureun.

Cag

hanca


tantan  







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke