Teh Holisoh hebat pisan memang.....
Novelna manusiawi pisan sareng nyedek hate janten leuwih noong naon artina manusa. Kateugenah sareng katalansagaraan anu mohaka dina kahirupan ngajadikeun ieu jalan anu pintas keur mertahankeun hirup,NGAJUAL HARGA DIRI. Kodrat sareng iradat anu pasti pikeun janten awewe bangor upami geus napel dina awak moal bisa diingkahan.
Mung rasa sadar sareng emut ka Gusti Allah anu bakal ngajait dina wadah runtah.
Mun ditilik tina budaya "humanisme" urang bakal ngarti kana katalangsarana,ngarti kana katunggraanana awewe bangor tapi pan aya agama anu mieling eta kanggo balik deui yen urang teh boga watesan.
Abdi dugi ka maca leuwih ti dua kali, asa nyerep jeung caritana "logikal". Biasana novel(film) anu kieu (logikal) Novel(film) urang Prancis anu alurna siga kahirupan sapopoe.
Ah ieu mah mung saukur pamikiran kuring!
 
DS  
 

Runtah nu bayatak tangtu bae nungtung masalah, nya kudu diwadahan, geus
diwadahan teh geus kokolakeun, urus sing bener sing jadi barang anu aya
fungsina....enya hese...ngahujat nu babarimah.

Awewe bangor teh atuh mun geus diwadahan mah (baca dilokalisir), nya
diurus atuh sing bener, dibeberes, dididik tah kupara akhlaknese teh,
dipapagahan, dibere pengarahan, sangkan bisa aya gunana....nyaenya atuh
bakal numpuk ari teu kokolakeun mah.....

Hade roman karya Holisoh ME nu meunang pangleler Rancage, nu judulna :
Kembang-Kembang Petingan, nu ditulis sabada lokalisasi Badama Tanjung
Sari ditutup (baca diduruk). Enya horeamlah maca teh..mendingan
ngahujat


http://jatigede.bravehost.com/


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to