Leres satuju kang.
 
 
Neng Iva

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kang Tirta, Kang Cep, Kang Dede, oge Kang Dudi...

Dimana-mana aya bener, pasti aya salahna
kitu oge dimana aya salah pasti aya nu bener..
eta mah manusiawi pisan..

manusa mah moal salah bae da sanes saiton
manusa oge moal bener bae da lain malaikat

Sanes kitu ? Saness...!
heu..heu...

-dul-


--- In [email protected], "dudi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan baraya,
> Kang Tirta, Kang Cep, Kang Dede......
>
> Ari geus kieu kudu kumaha nulunganana... atuh? Nu matak hirup teh
teu cukup ku "bener" wungkul, padahal hirup bener bae hese. Sapertos
kasus Kang Mulyana (cieeeh..... nga-akangkeun padahal mah teu wawuh-
waeuh acan, padah wae anjeuna lalaki da upami istri mah di-
tetehkeun...) ieu hirup geus "bener/idealis" hayoh kapincut make
miluan jadi kpu? naha salah kitu jadi kpu? henteu, teu salah upami
urang jadi anggo kpu tapi kudu ditambah ku "wasapada" jeung "elmu
teknisna" contona kumaha prak-prakanana nyakeun tender upami teu
pangalaman mah moal kuat euy,  komo duitna nepi ka triliun rp mah
jurig jaringao ge mariluan jadi "peserta" tender ku kituna urang kudu
nyaho "elmu ngeletek jurig" sok sanajan elmu anu pikageuleuheun,
rujit nga ulah dipiara bisi nyaliara kana diri urang.
>
> Kang De, "lurus teuing" ari ceuk pamanggih kuring mah
keur "lurus", "lempeng", "bener", "bageur", "hade"  jrrd anu positif
mah teu aya "teuingna" da hirup mah kudu kitu, lempeng sa lempengna,
bener sa benerna ditambah ku, upamana caringcing, waspada, elmuna
jrrd, curiga mah ulah bisi asup kana goreng sangka anu dipahing ku
agama.
>
> tos ah sakitu bae bisi loba teuing salahna.
>
> wassalam,
> dudi_ss
>
>   ----- Original Message -----
>   From: Jatigede
>   To: [email protected]
>   Sent: Thursday, April 21, 2005 12:14 PM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] "Baiknya Orang Sunda"
>
>
>   Kang Jalak Pakuan,
>   Sanes baiknya negatif tapi urang SUnda mah,tapi sok di
>   "kerjain" kusabab "lurus" teuing.
>   Estuning Urang Sunda ceuk kuring mah teu jiga anu
>   sanes anu gaduh TRIK-TRIK anu tiasa ngahontal tujuan
>   maranehanana.
>   Upami dina padamelan we kumaha behna we rek naek
>   jabatan syukur teu oge teu nanaon, katiban rezeki naek
>   Alhamdullilah. Tapi hiji kalemahan teh teu rancingeus
>   kana lingkungan dimana menehna aya. Jadi, batur anu
>   lantip keur ngarencanakeun hiji pagawean anu
>   ngajongklokeun moal nyahoeun. Teu tiasa analisa
>   lingkungan naha lingkungan teh ngarusak dirina atanapi
>   heunteu estuning Huznudhan(baik sangka=kumaha
>   nulisna).  Namung entong ari dugikeun ka Suuzdhan mah
>   da goreng.Ieu mah Rancingeus we....alias waspada tea.
>
>   Kitu pamendak abdi mah.
>
>   DS 
>
>    
>   --- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   > Aya nu nongton "Today's Dialog" Metro TV tadi wengi?
>   > Aya kecap nu dikedalkeun Adnan Buyung Nasution. Kieu
>   > ringkesanana teh. Waktos ditaros ku Sandrina
>   > ngeunaan pribadina Mulyana W Kusumah, Bang Buyung
>   > teh ngedalkeun yen Mulyana teh jalma nu hade, ngan
>   > eta cenah begitu baiknya nggak bisa nolak atau
>   > bilang tidak. Jadi kalau ada yang minta ini "iya",
>   > minta itu "iya". pokoknya jawabannya
>   > diiyakan....gimanalah baiknya orang sunda. Harita
>   > leng kuring mikir, geuning kitu anggepan batur ka
>   > urang sunda teh. Baiknya orang sunda teh geuning
>   > negatip!
>   > 
>   > jalakpakuan





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke