Baheula ge basa keur di Bogor, nyaan, nyangka Kang Rudi teh lain urang Sunda, heuheu...
Pamendak Kang Rudi sae pisan, yen (utamana) pikeun urang nu aya di tatar Sunda, kudu ngabiasakeun nyarita ku basa Sunda, rek jeung deungeun2 oge...
Ari pareng keur nungguan warung, mantuan mitoha di Jatinangor, kuring maksa ngabiasakeun nyarita ku basa Sunda ka nu barang beuli, kajeun lain urang Sunda ge (jatinangor mah pan daerah nu loba "urang asing"na, nu keur nimba elmu boh di Unpaj atawa di STPDN). Eta ge kungsi diprotes ku lanceuk beuteung, yen cenah di dieu teh teu sadayana urang Sunda. Keun bae, ngahaja, sangkan maranehna sadar yen manehna teh aya di Tatar Sunda. Mun aya niat & daek mah, nya hade pisan mun maranehna ngahargaan pribumi ku diajar ngarti basa Sunda. Mun memang teu ngarti kana kekecapan kuring, kakara ku kuring teh ditambahan ku basa Indonesia.
isk
Urang oge, mun hayang ngumbara ka lemah deungeun, Amerika, Eropah, Jepang, Korea, sok dimimitian ku diajar heula basa deungeun....
On 4/26/05, Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
***************************
..... geus 4 bulanan nyobaan sundanisasi di kantor
teh, kahayang siga kitu teh pedah harita basa keur
cuti caritana mah nek meuli titipan keur babaturan di
dieu, sabener na mah teu dihaja, kuring teh nanya ka
awewe nu jaga toko (UJ/Urang Jawa sigana mah),"Teh ada
jamu ..."anu"...", ceuk kuring teh, ari jikun bari
nyiku kana beuteung teh ngomong, "ari ayah, siga urang
sunda bae di teteh-teteh manehna", ceuk kuring,"naha
ari baturmah sok nga'mbak"-keun ningan, bae eta teh
awewe na urang batak oge, heheheh"... nga henen we
jikun dikitukeun teh.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

