Salahsawios seni Sunda anu parantos langka kapendak nyaeta Pantun, padahal basa Pantun teh hiji basa sastra anu luhung, anteub, teuleub, endah kadangkala sok murwakanti (sanggem pangemut sim abdi), dina ngagambarkeun hiji kajadian atanapi hiji kaayaan.
Malih mah para satrawan (jaman kapungkur), para dalang sok nyutat basa juru Pantun, paribasa ; "Saur juru pantun..............", atanapi ; "Saur Ki Pantun................".
Duka teuing dina posting-posting anu kalangkung naha kantos aya anu mesek atanapi teu acan basa ki pantun teh...??.
Ananging kitu sim abdi nyobian kokoreh dina emutan anu masih keneh aya, ma'lum parantos mangpuluh-puluh taun, kakituna punten kapara wargi panglereskeun dina lepatna pang nambihankeun dina kirangna.
 
Ngagambarkeun kegeulisan hiji istri (sabeuleugeunjeur) :
Nya geulis kawanti-wanti,
nya endah kabina-bina,
ditilik tigigir lenggik
ditingal ti tukang lenjang
diteuteup ti hareup sieup
ssjb..................................
 
Ngagambarkeun kageulisan hiji istri (pameunteu) :
Rambutna ngagaling muntang
tarangna teja mentrangan
halisna ngajeler paeh
socana ...........(hilap)
pangambung kuwung-kuwungan
damisna katumbirian
lambey lir gondewa mentang
waosna gula gumantung
angketna........(hilap)
ssjb .......................
 
Ngagambarekeun kaayan (leuweung) :
Leuweung ganggong sima gonggong
panonoban jurig jeung onom
...................................... (kadituna hilap)
 
Ngagambarekeun kajadian (lumpat Lengser) :
Lengser lumpat sakalampet
tarik alahbatan mimis bedil
gancang alahbatan paser panah
ear sora mumuncangan
eor sora cecekolan
birit hapa balas kadupakan keuneung
.......................................
 
Ngagambarkeun kajadian (perang tanding) :
Ngamuk nguwak-ngawik
lir kadya banteng kataton
nu datang titukang ditinggang
nyanghareup dihareup dipeupeuh
nu digigigir ditampiling
nu ditinggang ti jarengkang 
nu dicabok ting kolopok
nu ditajong ting jolopong
nu disepak ting galuprak
nu ditampiling teu areling
ssjb.....................
 
Ngagambarkeun kaayaan (karaharjaan hiji nagara) :
Subur ma'mur
gemah ripah loh jinawi
sepi paling towong rampogn
nu tani sarugih mukti
padagang beurat beunghar
ssjb...................
 
Ngagambarekeun kaayaan (kaagungan hiji raja) :
Ratu agung bimantara
adil palamarta
ssjb ...................
 
Lapur .... mung sakitu anu kaemut.....
padahal masih keneh seueur, sapertos ngagambarkeun kaendahan alam, ngagambarkeun kaendahan soara sareng sajabina.
Cik anu gaduh pepeniran, pang nambihankeun, malah mandar janten hiji titinggal kanggo koreh-koreheun anak-incu isuk jaganing geto.
 
Pihatur
ssw
 
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke