Haturan Kang Yudi,
muhun punten ieu teh sapertos anu tos disaurkeun ka Kang JP, sim kuring
sanes bade nyakompet daunkeun.. hapunten pisan bilih cariosan ( seratan pas
na mah ) sim kuring matak teu raos katampina.. 
ayeuna abdi teh rada kumaha kitu.. punten ieu mah bakat ku lieur teuing da
nya kitu eta para auditor teh kan lulusan STAN, tapi naha dina bahasa urang
kedah narjamahkeun wae sedengkeun ari sim kuring nyalira ngan lulusan SMA
anu tos pasti kamampuan bahasana kurang pisan... palaur na teh maranehna
ngetest bisi aya anu ditambahan atawa dikurangan ku urang.. padahalmah boro
boro nambahan dina ngajelaskeunna oge rieur :)..

Intina sim kuring nyuhungkeun dihapunten wae boh ka kang Yudi oge anu
sanesna anu tos ngaraos kasigeung ku seratan abdi... anu mung kadorong ka
keuheul ka sabagean jalma anu matak ngabalukarkeun nambahan pangangguran di
nagara urang alatan kalaburna para Investor..

Teu sanggem sim kuring kedah ngagentos posisi kang Yudi mah.. malah ancur
keh.. biasa hirup susah dipasihan lahan anu matak piserabeun..meun teu kiat
iman mah.. malah nambah ancur ateuh.. jadi wae abdi ngawayuh teh.. hehehee..

mugia kersa ngahapunten..

cag

Salam Baktos,



-----Original Message-----
From: Yudi Irmawan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, May 12, 2005 9:15 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] STAN n Depkeu


Kaleresan pisan abdi dua2na: lulusan STAN muhun, pagawe Depkeu muhun 
(sanaos sanes Bea Cukai/Pajak) . Muhun kitu kaayaana Kang, moal 
dihulag moal dibantah da emang leres seueur rerencangan nu tijalikeuh 
serab ku dunya. Naon sababna?duka ah, panjang panginten dongengna nya?

Mung upami ningal kalimah di handap, asana teh teu aya hubunganana 
antawis kapinteran sareng moral. Panginten seueur jelema pinter tapi 
moralna teu puguh, sanes ti STAN wae (contona pagawe KPU pami teu 
lepat teu aya nu ti STAN). Simpulan kieu mah atuh teu benten sareng 
simpulan kapungkur: urang Sunda = materialis, gara2 nu nulis kaleresan 
kungsi /sering panggih jeung urang2 Sunda nu materialis ...

Atanapi Kang Cecep ngalamar janten pagawe Depkeu, ngarah rada bersih 
Depkeu teh. Tukeur sareng abdi nu tos bosen di kantor rata2 10 jam 
sadinten gajih teu sabaraha! Kurupsi? alim ah, sieun ujug2 panggih 
jeung KPK (atanapi langkung serem: Kang Izroil!)

Baktos,
Y 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to