kamarina dititah dunungan, rektor nu jagoan beton tea, prof. Djuanda
Suraatmadja, pikeun ngahadiran seminar prospek implementasi aturan perda
soal kebersihan keindahan ke...(poho deui ke hiji deui). nu dijerona aya
aturan ngeunaan udud kaasup larangan udud di tempat umum. dendana nepi ka
lima juta. tempatna di Aula Balekota Bdg atawa City Hal tea.

nu biantara teh, KH Miftah Faridh, noong tina jihat agama. aya sababaraha
katerangan hukum udud, gumantung kaayaan. malah aya nu wajib, mun dina teu
ududna, si jelema geuring ripuh atawa maot. tapi prinsipna mah, hukumna
teh ti makruh ka haram. di Mekkah-Medihan, udud haram.

Dr. Ahmad Faisal, SpJP, ahli jantung (kaasup jantung cau meureun :p) ti
RSHS, ti urusan kasehatan.

oge aya ketua DPRD nu datang kabeurangan da miluan heula program Imunisasi
Polio (duka jeung kwarto duka henteu). oge aya Ir. Cepy Ma'soem, nu mere
conto dilarapkeunana aturan teu meunang udud di sakola. asana  Al-Ma'soem
di Rancaekek teh ngokolakeun SMA. nya di SMA mah, jaman si kuring  oge teu
meunang. mun kapanggih disetrap. jadi sok nyumput di warung ari istirahat
:p

tapi nya teu puguh niat teh. da aya aturan oge, buktina pemkot masih mere
ijin iklan rokok gede2an di Bdg. da duitna mucekil sigana. jalan di bdg
reuteum ku iklan rokok. sanajan si kuring tukang udud oge, asa geuleuh ari
di unggal tempat, loba iklan roko mah, asa teu pantes. bari jeung loba
pisan iklan roko nu diaya-aya, kreatif ari piduiteun mah.

masalahna, mun hese atawa can bisi ngeureunan udud, cenah, make etika
udud. hartina nya rada disengker di tempat-tempat umum mah. di rumah sakit
umum, angkutan umum,  di angkot, di tempat atikan (kelas), jsb.

teu nepi ka anggeus miluan seminar teh, teu nepi ka tanya jawab. da ceuk
si kuring mah asa euweuh nu anyar. aya nu anyar, aturan, tapi nu nyieun
jeung nu rek ngalaksanakeunana oge can baraleg keneh. turun ti lantey
tilu, ka taman bale kota -nu aya patung badak bodas tea, oge aya patung RD
Sartika samet dada. diuk sakeudeung dina bangku beusi, ngadon ngelepus
deui we udud. hehe.



mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
In low income neighborhoods, 84% do not own computers.
At Network for Good, help bridge the Digital Divide!
http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke