Walaikumsalam wr.wb
Aminnnn....aminnnn..........
Sami-sami cep Rafli, akang ge nyuhun di hapunten, rumaos kantos sok nyarios nu teu mernah, mangga ayeunamah urang silh asih jeung silih asuh, sok sanajan ngan sauukur dina milis wungkul da nu saena mah ayawae pikeun manjangkeun babarayaan kum keur sadayana di alam dunya boh ti bangsa deungeun jeung suku naon wae nu hayang miara jeung ngamumule tradisi Urang Sunda, ku saha deui atuh urang sunda deuk di mumule lamun lain ku urang sunda sorangan. Saleresna akang sanes pituin urang sunda , tapi akang hoyong ngamumule tradisi sunda, sanajan akang sanes jalma intelektual jeung teu berpendidikan dugi ka universitas, tapi teu ridho akang mah mun budaya sunda kasedek jeung kaelehkeun ku budaya asing. Mangga cep Rafli lajeungkeun tong isin-isin deui.
 
Punten pih ngiring nangkel ...he,he,he,.... damang pih ?
 
msm


Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikumsalam wr. wb.
Cep Rafly si Uwa mah ti kamari oge parantos ngahapunten ka cep Rafly....!!, malih apan si Uwa oge parantos nyuhunkeun dihapunten ka cep Rafly, sanes ....??.
Syukur Alhamdulillah upami cep Rafly parantos kaduhung (menyesal) kana kalepatan anu kalangkung, insya Allah sadaya wargi oge parantos ngahapunten ka cep Rafly.
Ulah..ulah sedih..., cep Rafly pasti tiasa teras ngiringan di milis, upami ngiringan ieu milis duduluran (persaudaraan) anu di pilari (dicari).
Saleresna si Uwa oge ngaraos agul ku cep Rafly, tina kajadian anu tos kaliwat si Uwa mendakan tilu mutiara didiri cep Rafly;
1. Teu belikan (pundungan)
2. Panceg teu galideur (teguh)
3. Narima (rumasa) kana kasalahan.
Padahal eta sifat teu ngancik dina diri urang Sunda, ceuk stereotype ti etnis deungeun (mangga tinggali dina file postingan para wargi anu kalangkung).
Si Uwa amanat jagi (jaga) eta tilu mutiara teh tambihan ku mutiara-mutiara sanesna, insya Allah cep Rafly tiasa ngiring tandang makalangan.
 
Pidu'a
ssw
(aehhh... ieu teh ka sim abdi kitu......??? heuheuheu geer eung....)


 


Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke