Tadi pasisiang amengan ka Cupumanik maksad teh sakalian hoyong ngobrol
sareng kang HW, barang jol ka Cupumanik geuning Kang HW mah nuju suwung nya
atuh anu ditepangan teh Kang Dadan Sutisna sareng Kang Rachmat.
Saur Dadan tadi MJ kadieu,.....wah hanjakal atuh teu tepang ceuk kuring teh.
Teu uplek ngobrol teh da barieukeun ku ningali buku ting talambru di unggal
juru, antukna mah langsung we milihan buku buku Sunda sareng buku sanesna.
Satadina mah kahiji hoyong ngobrol sareng Kang HW teh eta pedah aya warta
dina PR tea perkawis "teu meunang ngomong basa Sunda" anu diposting ku MJ,
geuning kang HW disabit sabit dina tulisan di PR (tapi ceuk kuring mah Kang
HW teh sok mosisikeun dirina "siger tengah" jeung sok kacida merhatoskeun
kontek naon nu diobrolkeun jeung dimana, kumaha para pamilona, geura imeutan
waktos inyana pagedrug sareng Pa Saini KM dina masalah kota, eta ge sami nu
"mapanas" teh Ahda Imran).
Kaduana eta hoyong matotoskeun tempat kanggo riungan Kusnet di Bandung tea
nu diancer ancer kaping 18 Juni, pas aya Kang Siddik sareng Kang Ganjar. Ari
tempatna mah tiasa kanggo ngariung dua puluh jalmi mah bari ngampar samak
atuh upami dijugjug teh teu tebih teuing da kaetang dikota eta mah, di Jl
Karawitan 46, tapi upami dibandingkeun sareng di MJ di Rajamantri mah lega
keneh di MJ...(Kang Siddik hapunten teu acan survey ka tempat anu
sanes...!!).
Duka tah naha mending dimana nya..?

Eh...baraya.... di Cupumanik teh seueur buku Sunda lami nu dicitak ulang
kayaning Dukun Lepus yasana Ahmad Bakri, Awewe Dulang Tinande/Tjaraka,
Sripangging/Tjaraka jste atuh buku wedalan anyar ge aya sapertos Panganten,
Ti Pulpen tepi ka Pajaratan Cinta, Anak Jadah jrrd....lamun tea mah jadi
ngariung teh di Cupumanik sigana nu hadir  tiasa bari meser buku, kapan buku
Sunda teh kanggo saha deui upami sanes kanggo Urang Sunda.
Geura upami tae mah Kang Miih anu sakitu jelugna (nyebat jelug teh pedah we
ningali fotona) upami sering maca buku Sunda tangtos moal dugi ka nyarios "
sayah teh orang Sunda tapi kagak bisa bahasa Sunda...", kapan janten urang
Sunda mah sanes pilihan tapi tiasa basa Sunda mah pilihan, seueur urang bule
urang Jepang sareng bangsa asing sanesna anu tiasa basa Sunda tapi tetep we
maranehna sanes urang Sunda kitu deui sawalerna seueur urang Sunda anu
ngangken teu tiasa basa Sunda nya panginten eta mah pilihanana da ari anu
milih tiasa basa Sunda mah geuning sok sanaos tos puluh puluh taun di nagri
deungeun ge tetep we basa Sundana mah sae pisan ( buktosna Kang Siddik anu
tos puluhan taun di Korea sakitu norolang basa Korea-na basa Sunda-na tetep
we norolang atuh Abah Joe anu tos puluhan taun di New York tangtos basa
Inggrisna norolang tapi basa Sunda-na tetep we sakitu beres roesna tara
gagayaan iinggrisan sagala....salam baktos ka Abah Joe tos lami tara
patepang naha ari di Ki Sunda sok aya..?). Kanggo rasa syukur ka Alloh Swt
wirehna sim kuring dijantenkeun urang Sunda nya sim kuring sok ngagunakan
basa Sunda.
Wallohualam.

MSasmita






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to