Para wargi milis "urangsunda" dimana wae ayana, jalaran sim abdi bade nyelang kalembur,
ngawitan dinten ieu sim abdi bade "no-email" heula.
Kukituna sim abdi neda dihapunten lahir sinareng bathin kapara wargi sadaya, margina, tangtos dina waktos anu sakitu lamina urang heureuy, gogonjakkan, silih tempas di babakan sareng di warung, aya seratan-seratan sim abdi anu ngajaheutkeun kana manah atanapi nyigeung kana ati sanubari para wargi. Timpah tipayun neda agung nya paralun jembar hapuntenna, sawangsulna insya Allah bilih aya kakhilafan sareng kalepatan tipara wargi ka
sim abdi, sim abdi ngahapunten pisan, teu aya gantar kakaitan estu caang bulan opat welas.
Insya Allah wilujeng tepang engke di Sunda Kalapa, Tatar Ukur sareng Dayeuh Pakuan.
 
Kerelepppp...berekbek..berekbek...
 
ssw 
 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to