kuring sigana boga alergi ka kebul rokok. Jadi mun rek mamangkatanteh
teu tinggaleun mawa cerecet. Jadi mun digigireun, dihareupeun, atawa
ditukangeun aya nu ngaroko cerecet di kaluarkeun jang nutupan irung.
Kadangmah cerecetna ditalikuen ka tukangeun hulu jadi siga
penjahat-penjahat di filem KOBOY.

Kuringmah moal rek menta nu ngarokok dipareuman rokona kecuali nu
ngaroko samemeh ngaroko menta ijin heula. Misalna;

"Kang tiasa hentu mun kuring ngarokok didieu?"
"Nya mun tiasamah ulah, kuring alergi kebol rokok."
"Mangga wae kang, tapina kuring rek nutupan irung make carecet, nya."

Jabana oge mun menta nu keur ngarokok dipareuman rokona watir ditempas
kieu (kasus na kareta),"Heh. dewek teh ngahaja naek kareta kelas
bisnis ngarah bisa ngarokok. Mun anjeun teu suka dewek ngarokok didieu
kunaon atuh anjeun naik kareta bisinis. Kaditu naek kareta EKSEKUTIP
mun embung kaganggu ku kebul rokok, mah."

Tah kuring mah kitu dongeng, kang. Mangga lajengkeun.


Dina poe Rebo, 15 Juni 2005, Tabuh 1:03:37 PM, Cecep Wahyu, Salira Ngetik kieu:
> ngiluan.. sareng upami pas dinu angkot nuju ngaroko aya wanoja anu ngan
> nutupan wungkul pangambungna atawa ngibas ngibas panangan wungkul teu
> nyarios nyungkeun dipareuman ah.. cuek wae dihajakeun.. iwal ti meun
> nyarios.. " Punten, tiasa rokona dipareuman..." kakara wae dipareuman..
====<diteukteuk, saluyu jeung atikan milist>=====
-- 
Best regards,
 durachman                            mailto:[EMAIL PROTECTED]
http://sg.f2.pg.briefcase.yahoo.com/dur74



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke