heuheuheu...muhun leres oge..
tapi da kumaha meun aya wanoja ieu mah anu kitu teh sok malah hayang
ngahajakeun bari ngahereuyan... hehehe..
baheula ketang basa di Bandung keneh.. di Batam mah da tara ngahereuyan.. nu
aya oge ngadon dihereuyan.. ;p

sigana masalah ngeureunan ngaroko teh sami sesahna jeung niat ngaberantas
korupsi dinagara urang.. da sami zezahna..
nu tos nyandu ngaroko... hese rek ngeureunan teh.. da ngadon rieur ateuh
gugah obo teras palay ngopi.. teu aya rokona.. uring uringan ( abdi ieumah
)..
pon kitu anu tos nyandu korupsi.. ceuk SBY.. berantas Korupsi.. tapi angger
wae geuningan... masih keneh pinuh pajabat anu ngalakukeun.. tinu leutik
komo nu gede mah..

deuh punten jadi ngacaprux wae..

Baktoz,
* keur sono ka 1oja urang Panembahan ( Plered, Cirebon ) eung... ;)

-----Original Message-----
From: durachman [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, June 15, 2005 2:27 PM
To: Cecep Wahyu
Subject: Re[4]: [Urang Sunda] kangge tukang ngarokok


kuring sigana boga alergi ka kebul rokok. Jadi mun rek mamangkatanteh
teu tinggaleun mawa cerecet. Jadi mun digigireun, dihareupeun, atawa
ditukangeun aya nu ngaroko cerecet di kaluarkeun jang nutupan irung.
Kadangmah cerecetna ditalikuen ka tukangeun hulu jadi siga
penjahat-penjahat di filem KOBOY.

Kuringmah moal rek menta nu ngarokok dipareuman rokona kecuali nu
ngaroko samemeh ngaroko menta ijin heula. Misalna;

"Kang tiasa hentu mun kuring ngarokok didieu?"
"Nya mun tiasamah ulah, kuring alergi kebol rokok."
"Mangga wae kang, tapina kuring rek nutupan irung make carecet, nya."

Jabana oge mun menta nu keur ngarokok dipareuman rokona watir ditempas
kieu (kasus na kareta),"Heh. dewek teh ngahaja naek kareta kelas
bisnis ngarah bisa ngarokok. Mun anjeun teu suka dewek ngarokok didieu
kunaon atuh anjeun naik kareta bisinis. Kaditu naek kareta EKSEKUTIP
mun embung kaganggu ku kebul rokok, mah."

Tah kuring mah kitu dongeng, kang. Mangga lajengkeun.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke