Satuju...!!
( bieu sim kuring ngobrol sareng Pa Dadi/Pupuhu Teater Sunda Kiwari, anjeuna nyarioskeun waktos tepung lawung sareng anggota DPRD Jabar dina raraga bade ngayakeun festival Drama Sunda sa-Jabar, Pa Dadi dina biantarana nganggo basa Sunda, aya diantarana anggota dewan anu hookeun, majarkeun kakara dina acara siga kieu make basa Sunda) jadi sim kuring satuju pisan kana asupan ti Kang MH keur pejabat publik di Jabar mah pantes pisan mun pertentang nyarita ku basa Sunda.
Lamun tea mah sim kuring sareng MJ jadi nepikeun makalah dina KBS Subang (Insya Alloh jadi da tos diserat dina susunan acara, kabagean teh dina dinten Rebo 29 Jun 05, tabuh 13.15 dugi ka tabuh 14.15 sasarengan sareng Ustiarsa ti Bandung TV/PWI Jabar) ieu usulan usulan teh rek ditepikeun kitu deui usulan ti anu sanesna.
Urang optimis we lah Kang...!
 
MSasmita
 
----- Original Message -----
From: mh
Sent: Sunday, June 26, 2005 7:19 PM
Subject: [Urang Sunda] Asupan kanggo KBS VIII

baraya,
upama kuring meunang usul pikeun KBS, aya sababaraha hal nu perlu dipadungdengkeun. garis badagna mah kieu, "kumaha carana sangkan basa sunda (BS) boga nilai ekonomi?". maksudna sangkan BS dipikabutuh ku jelema.
 
diantara jurusna kira-kira kieu:
1. para inohonng perlu ngabaladah nyieun perangkat pikeun ngukur kamampuan BS model TOEFL atawa IELTS. misalna sebut wae Tes Kamampuan Basa Sunda (TKBS)
2. para inohong perlu ngabaladah nyieun perangkat pikeun ngukur pangaweruh kasundaan anu ngawengku masalah sosial, budaya, sajarah, jeung geografi tatar sunda (TS). Kira-kira model GRE, GMAT jeung sabagsana. urang sebut bae Tes Pangaweruh Umum Tatar Sunda (TPUTS).
3. tiap pajabat publik di TS, boh pamarentahan kitu deui anggota dewan jeung parpol nu rek ngajabat di TS kudu lulus dua perangkat di luhur, misalna skor na minimal 600-an.
 
tah kumaha baraya, satuju heunteu upama eta usulan dijadikeun resolusi dina kongres. upama satuju pek geura ngacung. sugan kuncen daek nepikeunana. pek berendelkeun ngaran anu ngadukungna
 
salam,
mh



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke