Ieu usulan ti Kang MH ge asup kana PR Saptu 2 Juli 2005, dina judul "Berani Bicara Bahasa Sunda" sakaca jeung "Kongres Ala Kusnet", eusina sagemblengna diturun tina tulisan Kang MH ngan geus ditarjamahkeun kana basa Indonesia.
(sim kuring teu bisa copy/paste tina website-na PR lantaran sok rada lelet siga kuya ari muka web teh).
 
MSasmita
----- Original Message -----
From: mh
Sent: Sunday, June 26, 2005 7:19 PM
Subject: [Urang Sunda] Asupan kanggo KBS VIII

baraya,
upama kuring meunang usul pikeun KBS, aya sababaraha hal nu perlu dipadungdengkeun. garis badagna mah kieu, "kumaha carana sangkan basa sunda (BS) boga nilai ekonomi?". maksudna sangkan BS dipikabutuh ku jelema.
 
diantara jurusna kira-kira kieu:
1. para inohonng perlu ngabaladah nyieun perangkat pikeun ngukur kamampuan BS model TOEFL atawa IELTS. misalna sebut wae Tes Kamampuan Basa Sunda (TKBS)
2. para inohong perlu ngabaladah nyieun perangkat pikeun ngukur pangaweruh kasundaan anu ngawengku masalah sosial, budaya, sajarah, jeung geografi tatar sunda (TS). Kira-kira model GRE, GMAT jeung sabagsana. urang sebut bae Tes Pangaweruh Umum Tatar Sunda (TPUTS).
3. tiap pajabat publik di TS, boh pamarentahan kitu deui anggota dewan jeung parpol nu rek ngajabat di TS kudu lulus dua perangkat di luhur, misalna skor na minimal 600-an.
 
tah kumaha baraya, satuju heunteu upama eta usulan dijadikeun resolusi dina kongres. upama satuju pek geura ngacung. sugan kuncen daek nepikeunana. pek berendelkeun ngaran anu ngadukungna
 
salam,
mh



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke