Assalamualaikum wr wb..

Cariosan ngeunaan tilem/ngahyang tos sering
dipadungdengkeun ku para wargi (sanaos sim abdi teu
acan ngiringan aub..mung ngaos wungkul)..utamina di
kisunda. Sim abdi ngintun deui serelek ngeunaan
tilem/ngahyang..bane we kalepasan dodongeng di kopdar
cupumanik…ku kituna punten ka nu sanesna…bilih dongeng
lembur ieu ngabosenkeun/ngabarubahkeun pamendak
kawargian….

Tawis baktos ka kang hendi (?) sareng ua Haji..nu
ngemutkeun kana ‘dodongeng’ sim abdi di millis…oge ka
sadaya kawargian..teu hilap ka pupuhu kusnet M(ang)J
miwah Ua Sas….haturan.

----------------------------------------
Panganteur 

Ngahyang atawa tilem lolobana dinisbahkeun ka cara
ninggalkeun alam dunyana Siliwangi jalma baheula di
jaman Pajajaran (lain jalma ayeuna).  Harti jeung
maksud jalma sunda ayeuna ngeunaan kecap/konsep
ngahyang atawa tilem rupa-rupa, misalna, Dina
ensikolpedi sunda (2000) entri ngeunaan tilem euweuh.
Aya oge ngahyang – dina entri kecap hyang- nu
dihartikeun leungit jeung jasadna ngajadi hyang. Ari
Hyang di sunda mah luhureun dewa-dewa - ‘Allah’  di
sunda mah disebut  diantarana Sang Hyang keresa ( nu
maha pencipta) jeung Hyang Seda niskala ( Maha Gaib). 
Dina kamus LBSS (1992) kecap ngahyang euweuh aya oge
tilem nu dihartikeun ngaleungit jadi siluman---beu!.
Aya oge nu dinisbahkeun tilem/ngahyangna Siliwangi teh
teu dipercaya lain leungit jeung jasad tapi paeh biasa
mun teu salah mah ieu teh salah sahiji pamendak ti,
diantawisna, Pa Yosep Iskandar. Aya oge nu saukur
ngagolongkeun ngahyang teh mitos (tahayul) jadi lain
mang rupa hiji hal nu jadi kareueus da bohong. Kaasup
nu nyebutkeun sarua/beda antara tilem jeung ngahyang
ditambah bumbu ayana maung kajajaden.

Ari ieu tulisan… hayang ngajelaskeun sabisana yen
tilem/ngahyang  teh lain mitos/tahayul  tapi hiji 
ulikan nu masagi…lain ngaleungit jadi siluman tapi
balik ka Allah swt nohonan innalillahi wa innailaihi
rojiun…sanajan baheula mah carana lain nganggo sareat
Muhammad…bari badan/jasad awak-awakana sampurna dina
harti sirna mulang ka asalna …jeung bisa wae
dilakukeun jalma ayeuna nu nuturkeun sareat Sang
Rahmatan lil alamin (islam) lain baheula wae…. bisa
henteuna nu nulis mere katerangan nu ENYA keur
ngadukung argumenna dina ieu tulisan gumantung kana
panilaian nu macana.

….. pangapunten bade dijujut ti ‘konsepsi’ jeung
paradigmana heula….sateuacan kana hal tilem/ngahyang…
eta ge upami pareng…nyanggakeun sun..



I
Innalillahi wa innailaihi rajiun….(kabiasaan)

Kekecapan innalillahi wa innailaihi roji’un nu
dihartikeun sacara awam mah asal ti Allah balik deui
ka Allah… loba/ilahar diomongkeun lamun aya/meunang
beja aya jelema maot [Sanajan dina qur’ana (Albaqarah)
mah nyebut kecap diluhur teh ciri mu’min lamun meunang
musibah]. Sigana pedah ditinggal maot teh kaasup
musibah kanu ditinggalkeun… Atawa hiji etiket nu
terkadang klise bijilna kecap kitu teh supaya kasebut
alus wae ku nu ditinggal maot yen urang ngilu
sedih/kaleungitan…bari saenyana mah bisa wae teu sedih
teu sing..he..he. kukuring teu diasupkeun kana
ngadu’akeun sabab jarang kaciri intonasi atawa
posisina siga ngadu’a lolobana intonasi na teh siga
‘statement’.

…nu jelas mah 
nyawa na jadi arwah…sok dihadiahan illa arwahi..
badanna jadi mayit…. Dimandian, dikafanan, disolatan
terus Dikubur 

Naha enya nu maotna mah harita manjing innalillahi wa
innailaihi rojiun?….wallahu alam… sabab lamun
nurutkeun katerangan tina qur’an. ..aya nu bakal keuna
siksa sapanjang langit jeung bumi … aya nu dikubur
heula…ngalaman padang masyar…aya nu meunang
rahmat/nikmat heula …aya nu lila rek tepina ….jeung
aya oge aya nu langsung (diistilahkeun ‘secepat
kilat’) meunang rido Allah bisa balik ‘panggih’ jeung
Rabbna…

Enya..enyana mah kabeh mahluk bakal balik deui ka
Allah…ngan can tangtu harita (pas maot) …teuing
iraha!!!!???? Boa sanggeus bumi langit rusak…beu lila
lila teuing.

Malah saenyana hayang bisa manjing innalillahi teh
manusa kudu usaha satekah polah salila hirupna pikeun
panggih jeung Rabbna ??!!

Wa’bud rabbaka hatta ya’tiyakal yakin….atawa lamun
lolong didunya lolong diaheratna….lamun teu apal
didunyana ka Allah…diaheratna ge tangtu lolong teu
apal…jrrd argumen nu  bosen lamun dituliskeun
deui…..ah rek percaya we bakal balik ka
Allah….he..he..heueuh gampang pisan teu kudu
susah-susah …tapi pan sakabeh kayakinan teh kudu jeung
elmuna bener henteuna kudu kasungsi sabab bakal
dipenta pertanggungan jawabna.


II

Innalillahi wa innailaihi rajiun (ulikan)
 
Asal ti Allah balik ka Allah disunda (tiasa diaos
heula sunda nganggo tanda kutip) leuwih diteuleuman. 
Paling henteu di sunda loba kekecapan nu ngajelaskeun
leuwih rinci ngeunaan maot.  Salah sahijina
dijentrekeun ku kecap mulih ka jati mulang ka
asal…dilembur mah ditambah ku sampurna…sampurna ning
beak lebur papan karo tulis…kasalinan cahya …jeung
saterusna….  

Naha ?

Baheula insan (urang) teh Laa syaian madzkuuran =
euweuh – lain nanaon nu bisa disebutkeun (Al insaan).
Nya terus dijieun jadi insan jelema make bahan nutfah
bari dibere ruh pangdenge pangdeuleu pangangseu
pangucap jeung hate. Ahirna dina basa sapopoe di sunda
mah eta kabeh….digolongkeun kana dua hal…kuring jeung
kurung.. jirim jeung jisim..jasmani jeung rohani… aya
jiwa jeung raga…aya nyawa aya badan …tah dina waktuna
balik ka nu maha suci…innalillahi wa innailaihi rajiun
teh..urang sunda nu ngulik..bisa
nganyahokeun…wanoh…jeung mampuh…ngabedakeun mana nu
kudu mulih ka jati mana nu kudu mulang ka asal. 

Lamun nyawa/jiwa/jisim/kuring/ruhani …sing mulih ka
jati
lamun badan/raga/jirim/kurung/jasmani…sing mulang ka
asal

kumaha cara jeung kanyataanana?

------
III

Mulih ka jati
(bagian salajengna insya allah dikintunkeun upami
pareng)


Baktosna
Eddy Nugraha



                
____________________________________________________ 
Yahoo! Sports 
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football 
http://football.fantasysports.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to