|
Kuring meunang majalah basa Sunda Swara
Cangkurileung Seni Budaya bulan Juli 2005, dina bubukana (rubrik Rangrang
Panyawangan) Kang Dipa nulis Kusnet basa kongres di Cupumanik tgl 19 Juni
2005.
Ieu majalah teh saukuran jeung Cupumanik
(kira-kira A5), atuh terbitna ge sabulan sakali, eusina aya rubrik Rangrang
Panyawangan (beja beja saulas sausap anu matak lebar mun kaliwat), Deugdeug
Tanjeuran (beja utama), Balabar Kawat (neuleuman nu leuwih jero jeung
analisisna), Tungtungkusan Karuhun ( luyu jeung ngaranna, ngaguar nu geus
buhun), Lintas Seni Budaya, Ukur Banyol, Carpon Mini, Esai,Carnyam, From
Cigorowek with love (carita banyol).
Kandelna 34 kaca, pangaosna 3 rebu
rupia.
Kang Dipa salah saurang anggota dewan
redaksi.
Alamat redaksi : Komplek Jaka Purwa No.A-16 Bandung
Tlp 022-7567297 email : [EMAIL PROTECTED]
Majalah basa Sunda lianna nyaeta Sunda Midang,
saukuran sareng Mangle, terbitna sabulan sakali, hargana 10 rebu rupia, eusina
Pidangan Utama, Inohong Midang, Carnyam, Sakola Midang, Pangajaran basa Sunda,
Kalangenan, Lantera Hate, Parkir Seuri, Nyungsi alam gaib, kandelna 74
kaca.
Alamat redaksi Jl Babakan Ciparay Situ Gunting
Timur I No. 17 Tlp 022-6019990, email [EMAIL PROTECTED]
Ceuk beja rek aya deui majalah basa Sunda nyaeta
Sunda Manggung, ngan eusina ceuk eta beja rek rada beda, bakal loba ngabahas
pulitik, meureun ambih urang Sunda bener bener manggung ulah nutur nutur bujur
batur bae.
Ieu mah ngabejaan teh ngabejaan bulu tuur da
ngabejaan bulu irung mah matak beresin sugan we aya mangfaatna sakalian jeung
bifaatna.
MSasmita
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id ---- LSpots keywords ?>
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] beja Kusnet ge aya dina majalah Swara Cangkurileu... MSasmita

