si Ua kaluar wayah kieu, damang Ua??? abi mah tos leuleus, hoyong leleson ~ipup~
--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kuring meunang majalah basa Sunda Swara Cangkurileung Seni Budaya bulan Juli 2005, dina bubukana (rubrik Rangrang Panyawangan) Kang Dipa nulis Kusnet basa kongres di Cupumanik tgl 19 Juni 2005. > Ieu majalah teh saukuran jeung Cupumanik (kira-kira A5), atuh terbitna ge sabulan sakali, eusina aya rubrik Rangrang Panyawangan (beja beja saulas sausap anu matak lebar mun kaliwat), Deugdeug Tanjeuran (beja utama), Balabar Kawat (neuleuman nu leuwih jero jeung analisisna), Tungtungkusan Karuhun ( luyu jeung ngaranna, ngaguar nu geus buhun), Lintas Seni Budaya, Ukur Banyol, Carpon Mini, Esai,Carnyam, From Cigorowek with love (carita banyol). > Kandelna 34 kaca, pangaosna 3 rebu rupia. > Kang Dipa salah saurang anggota dewan redaksi. > Alamat redaksi : Komplek Jaka Purwa No.A-16 Bandung Tlp 022- 7567297 email : [EMAIL PROTECTED] > > Majalah basa Sunda lianna nyaeta Sunda Midang, saukuran sareng Mangle, terbitna sabulan sakali, hargana 10 rebu rupia, eusina Pidangan Utama, Inohong Midang, Carnyam, Sakola Midang, Pangajaran basa Sunda, Kalangenan, Lantera Hate, Parkir Seuri, Nyungsi alam gaib, kandelna 74 kaca. > Alamat redaksi Jl Babakan Ciparay Situ Gunting Timur I No. 17 Tlp 022-6019990, email [EMAIL PROTECTED] > > Ceuk beja rek aya deui majalah basa Sunda nyaeta Sunda Manggung, ngan eusina ceuk eta beja rek rada beda, bakal loba ngabahas pulitik, meureun ambih urang Sunda bener bener manggung ulah nutur nutur bujur batur bae. > > Ieu mah ngabejaan teh ngabejaan bulu tuur da ngabejaan bulu irung mah matak beresin sugan we aya mangfaatna sakalian jeung bifaatna. > > MSasmita Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

