Assalamu'alaikum, Wr. Wb. Baraya, sim kuring boga karesep tibubudak teh nyeta kana ngurek, nguseup jeung ngalintar (seueur keneh nu sanesna hobi teh, mung bilih panjang teuing). Hobi kieu teh sasatna diajarkeun ku pun Bapa, sami anjeunna ge resep kana ngurek, nguseup sareng ngalintar teh ti alit keneh. Nya anjeunna ge, diajarna ku Akina, Uyut keur kuring mah. Ningali kitu, kuring boga kasimpulan yen ngurek, nguseup jeung ngalintar teh sasatna hobi warisan ti karuhun kuring nu kudu tetep dimumule jeung terus dikembangkeun.
Kuring boga kahayang ieu hobi teh bisa nurun ka pun anak, jaga ke mun gaduh budak, da ayeuna mah can gaduh budakna ge. Ngan aya hiji kamelang, kuring sieun ieu hobi teh teu bisa nurun jalaran teu aya belut di sawah keur di urek, teu aya lauk di walungan keur diuseupan jeung dikecrik. Komo belut di sawah mah, kuring kungsi nyobaan ngurek disababaraha tempat, nyamos, hese ngurek belut di sawah jaman kiwari mah. Belut mimiti ngurangan teh jaman dihangkeutkeunna 'intensifikasi' jeung 'ekstensifikasi' pertanian. Nya harita pisan rupa-rupa bahan kimia non organik dipake geusan naekkeun hasil pertanian. Ti mimiti pupuk, anti hama (pestisida, herbisida, jrrd) jeung rupa-rupa bahan kimia lianna. Memang kana hasil panen bisa nyugemakeun (harita mah, da ari ayeuna mah angger we kurang beas teh), tapi epek negatipna nyaeta....belut jadi suwung, tutut pada murungkut. Eta tina bahan kimia nu dipake di widang pertanian, can ti widang sejenna, nu sacara langsung atawa heunteu mangaruhan kana kualitas cai. Kitu tah baraya, jadi kudu kumaha yeuh kuring teh? Maenya hobi warisan karuhun teh rek eureun di generasi kuring? Kuring sieun kabendon ku karuhun yeuh. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

