Tah perkawis useup-per useupan mah abdi oge resep, karesep ieu nembe dongkap 2 sasih kapengker, malihan aya 2 minggon kamari nguseup sareng Pa Siddik ka laut, ari belut eta mah kaemaman paporit abdi, sering upami tuang di rumah makan teh, kuring mah milari belut bae, batur mah milari hayam, enya ayeuna lauk di walungan, sawah seueur nu ngirangan margina, seueur bahan kimia tea komo portas mah, sigana upami kusnet ngayakeun nguseup bakal rame yeuh......... ----- Original Message ----- From: "bigguy" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, July 06, 2005 8:55 AM Subject: [Urang Sunda] Ngurek
> Assalamu'alaikum, Wr. Wb. > > Baraya, sim kuring boga karesep tibubudak teh nyeta > kana ngurek, nguseup jeung ngalintar (seueur keneh nu > sanesna hobi teh, mung bilih panjang teuing). Hobi > kieu teh sasatna diajarkeun ku pun Bapa, sami anjeunna > ge resep kana ngurek, nguseup sareng ngalintar teh ti > alit keneh. Nya anjeunna ge, diajarna ku Akina, Uyut > keur kuring mah. > Ningali kitu, kuring boga kasimpulan yen ngurek, > nguseup jeung ngalintar teh sasatna hobi warisan ti > karuhun kuring nu kudu tetep dimumule jeung terus > dikembangkeun. > > Kuring boga kahayang ieu hobi teh bisa nurun ka pun > anak, jaga ke mun gaduh budak, da ayeuna mah can gaduh > budakna ge. Ngan aya hiji kamelang, kuring sieun ieu > hobi teh teu bisa nurun jalaran teu aya belut di sawah > keur di urek, teu aya lauk di walungan keur diuseupan > jeung dikecrik. Komo belut di sawah mah, kuring kungsi > nyobaan ngurek disababaraha tempat, nyamos, hese > ngurek belut di sawah jaman kiwari mah. > > Belut mimiti ngurangan teh jaman dihangkeutkeunna > 'intensifikasi' jeung 'ekstensifikasi' pertanian. Nya > harita pisan rupa-rupa bahan kimia non organik dipake > geusan naekkeun hasil pertanian. Ti mimiti pupuk, anti > hama (pestisida, herbisida, jrrd) jeung rupa-rupa > bahan kimia lianna. Memang kana hasil panen bisa > nyugemakeun (harita mah, da ari ayeuna mah angger we > kurang beas teh), tapi epek negatipna nyaeta....belut > jadi suwung, tutut pada murungkut. Eta tina bahan > kimia nu dipake di widang pertanian, can ti widang > sejenna, nu sacara langsung atawa heunteu mangaruhan > kana kualitas cai. > > Kitu tah baraya, jadi kudu kumaha yeuh kuring teh? > Maenya hobi warisan karuhun teh rek eureun di generasi > kuring? Kuring sieun kabendon ku karuhun yeuh. > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

