sanajan urang Sunda sok nyieun atawa resep kana kurupuk hurang, kurupuk tenggiri jsb, tapi kurupuk nu popiler di masarakat mah nyaeta kurupuk aci, nu dijieun tina aci sampeu. biasana dijieun di pabrik keur didagangkeun. Nu katelah tukang nyieun kurupuk aci nyaeta urang Cikoneng, Ciamis, kusabab kitu aya oge nu nyebutkeun "kurupuk Cikoneng". Kurupuk ditawarkeun ku tukang kurupuk nu mawa blek ditanggung, atawa disimpenan dina kaleng tuluy didagangkeun di warung- warung. Kurupuk teh aya nu warnana koneng aya oge nu bodas. Cara nyieunna aci sampeu dicaian tuluy diuyahan, digodog tuluy digalokeun. Mun geus kentel, tuluy dicitak terus diseupan. Geus kitu tuluy dipoe nepi ka garing samemeh digoreng.
meunang nyundakeun tina Ensiklopedi Sunda Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/