Atos lebet Teh Pupi, mangga diilo di
http://su.wikipedia.org/wiki/Kaulinan_budak
****
Jaman baheula samemeh urang Jepang nimukeun kaulinan komputer
samacam sega atawa nintendo barudak leutik di Tatar Sunda boga
rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manehna sabada diajar
atawa mantuan kolotna.
Beda jeung kaulina elektronis nu sipat nyorangan (''soliter''; B.
Indonesia atawa ''solitaire''; English/French), rurupaning kaulinan
heubeul ieu biasana kudu dipilaku ku leuwih ti saurang. Sipat ieu
tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis
ngadidik budak jadi independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikan,
kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk
leungeun. Ieu meureun aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna
(artina antukna masarakatna nu bakal kahareup) leuwih gede rasa
soranganna (''ego''-na) jeung turun rasa barengna (sosial-na).
Dua sifat ieu aya goreng aya alusna, teu bisa dibedakeun hideung
bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan
budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi
nu independen, kompetitip, ngulik tapi teu egois alias boga 'rasa
sosial' nu lemes.
== Rupa-rupa kaulinan budak ==
* '''Bekelen/Beklen/Bekles:'''
kudu aya [[kewuk/kuwuk]] jeung bal beklenna nu bahanna tina karet,
rata2 dipaenkeun ku 2-sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa
kumaha karepna, rek 20 ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku
leungeun. nu maraenna andeprok na tehel nu beresih nguriling jiga
samodel lingkaran. Mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng kana
tehel, tuluy kewukna diawurkeun kana tehel, mimiti nyokot kewuk hiji-
hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali tea, da mun dua kali
atawa leuwih mah lasut.. conto make kewuk 10 siki, kewuk dicokot
nepi ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna
ditangkarak2eun kabehanana, dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna..
geus kitu kewuk ditangkub2keun prosesna sarua jiga nu diluhur, geus
ditangkubkeun kabeh, tuluy dibawaan deui... bagean ka batur mah
lamun pamaen ka hiji lasut, nya giliran maenkeunana....
* '''Congklak:'''
* '''Luncat tali/maen tali/Sapintrong:'''
Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make tali nu panjang, biasana tina
bahan nu leuleuy liat sangkan teu ngabahayakeun atawa tisaringked.
Kulantaran iue, biasana tali teh dijeiun tina [[karet geulang]]
ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna
nu nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka
semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku
leungeun. Cara maenna, budak nu teu nyekel tali kudu ajleng
saluhureun bates tali tea. Keur wates tuur jeung "taeun" nu ajleng
teh teu teu meunang antel kana tali, antel manehna lasut alias kudu
gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng
meunang antel kana tali. Beunang oge make tehnik "dikepoh" nyaeta
suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu
ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng tea.
* '''Naspel:'''
Sanggeus proses kahiji nepi ka proses ka ditangkubkeunana kewuk nepi
ka 10, naspelna teh kewuk ditangkarak2eun terus dirawu kabeh, geus
kitu ditangkub2keun dirawu deui.. geus kabeh
karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus dialungkeun ka luhur
bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun.. mun dina dampal
leungeun nyesa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui...
engke ngamimitianna deui kudu ti 2/3/4 nyokotanna.... henteu mimiti
ti 1.. jadi langsung.... kitu oge nangkarak2keun, nyokotna 2/3/4
kumaha nu kasanggap tea.... mun keur naspel lasut, nya kudu balikan
deui, nepi ka lulus banglus naspelna (nepi ka bisa ngaranggeum kuwuk
tea)
* '''Perepet Jengkol:'''
* '''Pelak Cau:'''
Cara ulinna hiji budak (biasana nu pangkuatna) nangkeup tihang imah.
Ditukangeunna barudak sejen (bisa 2,3,4,5 jst) nangkeup ka eta
budak, biasana mah budak nu panglembekna aya dipangtukangna. Ieu
meureun asal ngaran kaulinan teh: runtuyan budak diibaratkeun
rungkun cau. Salian ti 'rungkun cau' ieu, aya salah saurang budak
nu 'jaga' alias dihukum jadi 'patani' nu boga tugas mindahkeun pelak
cau tea. Nu jaga ieu kudu ngawihkeun samacam kawih uluk panto tuluy
nyoba ngabetot runtuyan barudak nepi ka leupas hiji-hiji mulai nu
pangtukangna. Mun aya budak nu leupas ieu kudu milu jadi
balad 'patani' tea, babarengan ngawih jeung nagbetotan babaturanna
nu masih keneh nangkod dina rungkun, pakuat2 we nepi ka rungkun cau
tea beak. Kaulinan ieu, mun barudakna karuat, bisa meakkeun waktu
mangjam-jam.
* '''Rerebonan:'''
* '''Sasalimpetan:'''
* '''Sondah:'''
* '''Serok:'''
* '''Sasamunian:'''
* '''Tokle:'''
--- In [email protected], "Mpup" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/