Akang/Uwa/Bapa? Ganjar, Numutkeun raraosan abdi, kumargi didieu teh seueur nu tiasa akses ka internet. Panginten tiasa silih alungkeun we tur satiasa- tiasa "ngedit" langsung ka Wikipedia.
Mung supados teu aya dobel damel urang tangtoskeun we saha nyepeng naon. Janten nu sanes mah ngalungkeun bahan ka milis, nu pancen dina topik eta ngalebetkeun ka Wiki. Sarengse dilebetkeun, ki pancen ngalungkeun deui ka milis supados dikomentaran, ditambihan/dilereskeun ku kasaluyuan sarerea. Ieu oge tiasa ngahindarkeun "SILIH EDIT" dina hartos padamelan batur dilereskeun, padahal mah anjeunna pan tos nyeepkeun waktosna ngadamel hiji "entry". Teras teu kedah ngantosan hiji2 rengse (tuntas) tur sadayana tumplek dina hiji topik tapi tiasa paralel sareng nu sanes. Upami saderek sadaya sapagodos kana "mekanisme" ieu, widian sim abdi nyepeng "Kaulinan Budak" keun dikeureuyeuh. Mangga jejer sanesna mah atuh ku nu sanes. Nyanggaken pamendak/usul mugia katampi, mangga dilereskeun upami kirang sae Baktos Y --- In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ki dulur, > Sabada niténan ngeunaan kurupuk, kapayun sigana urang ogé tiasa ngeureuyeuh kanggé ngadéskripsikeun kadaharan di tatar sunda, sabangsaning ranginang, borondong, wajit, angléng jsb. Carana mah nya kitu téa waé. Anu kagungan pangaweruh ngeunaan hal éta kintunkeun kana milis; engké urang arsipkeun anu akhirna mudah- mudahan tiasa dibukukeun. Atanapi naha teu langkung saé di kusnet téh urang ngadamel proyék sasihan, contona sasih ieu urang réngsékeun bab kurupuk teras urang deres anu sanésna. > Nuhun. > > > > > --------------------------------- > Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger > Téléchargez le ici ! Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

