Asa waas maca tulisan-tulisan sunda inget baheula basa keur lembut keneh pasosore badha asar aya girimis bapa almarhum bari disasarung maca mangle dibaca ditarikkeun rada dikawihkeun "dengekeun aya dongeng alus" cenah kuring sadulur jeung ema ngariung sila emok paadu bitis ------ cita-cita boga pamajikan urang sunda meh bisa diajak ngumbara ka alam keur budak ngan putus jeung putus wae kalahka meunangkeun urang sabrang beda adat jeung omongan dibawa kalembur teu betah di ajak ka baraya teu bisa ngomong ---- Mendak milis urang sunda asa mulang deui ka jaman baheula ting torojol mani waas palinter ngaromong sunda ning batur mah ari kuring ngan logat hungkul nu nyunda sok diseungseurikeun ku si cikal papa naon papa naon cenah --- -epi-
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

