Baraya,
 
Model anu diguar ku Kang Cepot jeung si kuring tadina mah rek diusulkeun sangakan prak dipigawe saba'da sakabeh bahan terjamahan basa Sunda pikeun Ngabakukeun Kekecepan Widang Internet (NKWI) rengse. Tapi, dina derna mah nya kumaha ngaguluyurna bae heula. Maksud teh, paralel bae antaran lengkah nyoba-nyoba narjamahkeun jeung ngabahas masing-masing hasil tarjamahan.
 
Ieu lengkah anu geus disorang ku kang Cepot ceuk pipikiran memang lengkah anu sakuduna dilaksanakeun dina usaha NKWI. Upama diringkeskeun deui, lengkah anu perlu disorang dina raraga NKWI basa Sunda teh kira-kira saperti kieu:
1) lengkah kahiji....sarupa jeung brainstorming pikeun narjamahkeun NKWI basa Sunda anu bisa dilakonan ku saha bae;
2) lengkah kadua: madungdengkeun hasil NKWI basa Sunda lengkah kahiji kalayan masing-masing miang tina akar paistilahanana (kaelmuan internet/komputer) jeung pangaweruh basa Sunda;
3) hasil lengkah kadua diteruskeun ku lengkah katilu: mawa draft sawatara NKWi (kumplit jeung kasang tukang kaelmuan internet/komputer) keur rujukan ka para ahli basa Sunda. Ku cara lengkah katilu ieu ipiharep urang bisa manggihan istilah anu pas, nyastra, singket, jsb ti para ahli basa + budaya Sunda;
4) lengkah ka opat: ngarumuskeun deui hasil-hasil tina lengkah katilu
5) netepkeun NKWI basa Sunda kalayan engkena diasongkeun  ka forum dines saperti KBS.
 
Naon anu dipadungdengkeun ku si kuring jeung Kang Cepot sigana aya dina tataran lengkah kadua anu masih pacorok jeung lengkah kahiji (muga ulah matak mugen anu keur nyorang lengkah kahiji). Anapon lengkah anu disorang ku sorangan dina lengkah kahiji - muga aya manfaatna - nyaeta kieu:
 
a) ngilikan kamus basa inggris - indonesia pikeun mikawanoh sababaraha alternatif harti pasitilahan anu keur ditarjamahkeun;
b) ngilikan tarjamahanan dina basa Indonesia;
c) malikeun deui tarjamahan basa Indonesia kana Inggrisna;
d) ngalarapkeun sababaraha alternatif tarjamahan jeung maksud asli pigunaan istilah dina kaelmuan internet/komputer
e) nangtukeun kacindekan keur tarjamahana NKWI sawatara;
 
 
Rupina sakitu heula.
baktos,
manAR
 


 
On 7/10/05, Kang Cepot <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dina ping 10-Jul-2005, oman abdurahman nyerat:
>  baktos,
> manAR

sae mang Oman, leuh puguh kuring teh asa lieur .... teu puguh ha ha ...
matak ge rada ngacapruk

mangga urang bahas hiji-hiji
*komentar atawa koreksi di handapeun istilahna*

> > 251 font huruf; fonta aksara
> > 252 font size ukuran huruf ukuran aksara
> > 253 footer kaki halaman catetan handap panyuku
footer - panyuku

> > 254 foreground latar depan hareup kasang hareup
foreground - kasang hareup

> > 255 format format format
> > 256 format painter pewarna format pangelir format
> > 257 formula formula, rumus rumus
> > 258 forward depan anteur/surung saterusna
komentar, forward nu kapanggih kuring sok dipake dina :
pamaca serelek (mail client) hartina nuluykeun serelek, nu cocok tuluykeun
mun dina web browser atawa file manager nu cocok teruskeun atawa saterusna
jadi naon atuh ? .... mangga nu sanes

> > 259 forward chaining perantaian maju surung runtuy runtuy saterusna
nu ieu kuring ge rada lieur, sok dipake dina naon nya ? serelek kitu ?
biasana siga surat berantai tea, atawa kalakuan virus, nu rada maksa
neruskeun serelek, nu cocok naon ? mangga nu sanes

> > 260 frame bingkai bingkai pigura
frame - pigura

> > 261 front-end ujung depan bagean hareup tungtung hareup
front-end biasana dipake keur istilah bahasa program nu narjamahkeun bahasa
program sejen ka nu leuwih gampang di baca manusa, conto na, mun lingkungan
unix : wget nu cli (command line interface), front-end na gwget nu tos gui
(graphical user interface) atawa tos grafis nu leuwih gampang (user
friendly), janten kuring nerjemahkeun "end" sanes "tungtung" tapi "bagean"
pakait jeung tugas na nu narjamahkeun program sejen
mangga kumaha sae na we ...

> > 262 full screen layar penuh layar sapinuhna
full screen - layar pinuh (ngirit huruf)

> > 263 gateway gerbang panto gapura
gateway biasana sok ditambahan parabot keur jajaga (firewall), jadi kuring
nerjemahkeun na jadi "panto" sabab panto sok make konci, tulak, selot jsb,
duka ari gapura, asana mah ngan keur hiasan kitu ?

> > 264 general umum umum
> > 265 generate bangkitkan jieun
> > 266 get dapatkan cokot
> > 267 gigabyte gigabita gigabyte gigabita
gigabyte - gigabita

> > 268 go to menuju ka nuju ka
go to - nuju ka

> > 269 gridlines garis kisi garisciri garis sarigsig
gridlines - sarigsig (meh sarua sa kecap)

> > 270 hack retas rombak "asa kirang pas"
hack di tarjamahkeun kuring, pagawean ngarombak atawa ngarobah hiji program
nu bisa jadi robah fungsina, atawa malahan ngomean jadi leuwih alus

> > 271 hacker peretas nungarombak "asa kirang pas"
jelemana nu nga hack

> > 272 hang macet huleng mugen/macet
hang teh kalakuan mesin nu geus teu nyaho deui rek naon, soalna geus ka
beuratan tugas, jadi nga huleng, teu nga respon naon-naon, mun mugen mah pan
aya keneh respon nyaeta nolak

> > 273 hanging indent inden macet wates gantung pangelok/inden mugen/macet
hanging indent biasana istilah dina tata tulisan atawa paragraph nu baris
pang heulana rada asup ka jero kira-kira 5 karakter, jadi hanging didieu
sanes macet tapi nga gantung

> > 274 hard disk cakram keras pamuter kasar
asa kirang cocog yeuh, hard disk teh sanes pamuter tapi nu di puterkeun

> > 275 hardware perangkat keras parabot teuas pakakas kasar
hardware - pakakas kasar, pami aya deui mah nu sa kecap

> > 276 header tajuk hulu palulugu
header - palulugu

> > 277 heading penajukan hulu ngaluluguan
heading - ngaluluguan

> > 278 help bantuan tulungan panulung
help - tulung

> > 279 heuristic search telusur heuristik teang heuristik teteangan heuristic
heuristic searach - teteang heuristik

> > 280 hide tersembunyi sumput nyumput
hide - sumput
hiden - nyumput

> > 281 highlight sorot caangan sorot
ari sorot teh bahasa indonesia ? pami basa sunda mah sae atuh
highlight - sorot

> > 282 history sejarah sajarah
> > 283 home pangkal imah puhu
home - puhu

> > 284 home base basis pangkal pasanggrahan puhu
home base - pasanggrahan (kumaha mun sa kecap?)

> > 285 horizontal horizontal datar
horizontal - datar

> > 286 hub hub hub
> > 287 hyperlink hipertaut silihcangked hiperpatali
hyperlink istilah dina bahasa mark up (mark up language) nu nyambungkeun
kecap ka dokumen sejen, jadi hyper ku kuring teu di tarjamahkeun, tapi
fungsina nu di hartikeun "nyangked", mangga naon we nu sae ...

> > 288 identity (ID) identitas (ID); cingciri ciciren
identity - ciciren

> > 289 If-then rule kaidah jika-maka aturan mun-tuluy kaidah lamun-mangka
if-then rule - kaidah lamun-mangka

> > 290 If-then statement pernyataan jika-maka kecap mun-tuluy ebrehan
> > lamun-mangka
if-then statement - ebrehan lamun-mangka

> > 291 image interpretation inteprestasi citra pamaknaan citra
> > 292 image understanding pemahaman citra pamahaman citra
> > 293 image recognition rekognisi citra wanohan citra
ari citra teu aya sunda na kitu ? matak kuring rada leneng ha ha ...

> > 294 import masuk; impor impor impor
> > 295 in-basket masuk keranjang jero telebug wadah/telebug jero/asup ?
in-basket - dina wadah

> > 296 inbox kotak masuk koropak kotak asup
inbox - koropak (meh sarua sa kecap)

> > 297 indent inden wates inden/pengelok
ke ari pangelok teh naon hartos na ?

> > 298 index indeks indeks
> > 299 inference engine mesin inferensi mesin inferensi
> > 300 informatics informatika informatika

wualaaaah ..... euy ni ngarenghap, rada eungap ...
mangga nu sanes ...

usul we ieu mah, kumaha mun di bahas hiji-hiji atawa sa urang sewang siga nu
ku kuring sareng mang oman di luhur, supaya optimal ... pami tos sa pagodos
kantun setor ka bandar ... saha bandar na ? gan kandar kitu ?
mangga lajengkeun

--
wassalam
d_wahyu - http://ngacapruk.blogspot.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke