Salam,

Haturan wilujeng sumping, Kang Ardipradja...

Ngeunaan ngadamel sababaraha milis hususon pikeun ngawadahan rupa2 basa Sunda, mangga bae bilih aya nu bade ngadamel milisna mah. Tapi, mun balik deui kana masalah teorina, basa Sunda kiwari mah cenah ceuk kuring (aya kitu cenah tapi ceuk kuring pribadi?) kudu dilogoran dina hal undak-usuk/tingkatanana.

Kuring mindeng pisan ngadenge alesan pangna urang Sunda nu ngarora leuwih milih basa Indonesia dina obrolan sapopoena. Cenah (deui) aranjeunna teh inggis salah dina ngalarapkeun undak usuk basa. Tungtungna, daripada dicarekan pedah salah ucap, mending henteu sakalian... Jadi weh bener, basa Sunda teh lastari...

Dina koran PR sabudeureun KBS di Subang, aya artikel ngeunaan ajakan sangkan para nonoman Sunda dibere lolongkrang pikeun migunakeun basa Sunda kalawan 'bebas'. Perkara undak-usuk/tata basa, keun eta mah nomer dua. Mun urang bisa, pek koreksi. Tapi ulah dicarekan, bisi pundung, heg embungeun deui make basa Sunda.

Balik deui ka ieu milis, di dieu mah wenang make basa Sunda naon bae oge. Rek cawokah ge bae (vulgar, asal dina konteks anu perlu), asal ulah jorang (parno). Kapan anu cawokah2 ge eta teh kabeungharan kecap basa Sunda. Rek make basa Sunda wewengkon mangga, puguh eta nu ditunggu2 teh, ambeh nu urang Priangan etu ukur apal ka basa Sunda Priangan, ambeh urang Cirebon teu ukur apal ka basa Sunda di wewengkonna wungkul, conto. Mun aya nu salah ngalarapkeun kecap, mangga koreksi. Teu kedah disindir sampir, togmol bae. Misalna: "Cing, Jang. Ku emang dikoreksi babasaanana, nya! Ulah pundung nya... Mun pundung dikadek siah..."
Conto eta mah ulah diturutan, kasar teuing, da eta mah kabiasaan kuring ka nu geus loma... Lajeng sok bae berendelkeun kasalahan katut koreksina.

Sakitu heula ti simkuring salaku kuncen

jk

On 7/17/05, A.M. Ardipradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari miturut sim kuring mah basa Sunda teh bahasa warisan ti karuhun nu masih keneh aya di alam feodal, jadi basa Sunda salaras sareng ayana stratifikasi di masarakat Sunda harita.
 
Ayeuna mugi2 feodalisme parantos sirna, namung tetep wae basa Sunda mah kedah nga-beda2-keun nu kasar, nu biasa jeung nu lemes, pami memang bade dilestarikeun jeung dianggo kalayan leres mah. Cobi geura aos conto2 dihandap ieu:
 
Abdi tuang: lepat, kuduna mah Abdi dahar
Maneh lali: lepat, kuduna mah Maneh poho
Kuring linggih di Bandung: lepat, kuduna mah Kuring cicing di Bandung
Anjing kuring keur dahar tulang: lepat, kuduna mah Anjing kuring keur ngalebok tulang
.......................... jeung sajabana ti eta.
 
Kumargi eta sim kuring ngararepkeun forum ieu teh tiasa ngalereskeun basa Sunda warisan para karuhun urang ka para anggota sadayana.....


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke