Ass. Bah Siddik....sareng saderek sadaya..................
Tadi enjing-enjing sim kuring di telepon ku uwa Sas yen anjeuna nampi serat anu sapertos diuningakeun tea.
Saparantos kitu sim kuring nyobian kontak ka alamat nu dipasihan ku Uwa Sas, dina obrolan sareng Pak Hasbulah sim kuring  rada cangcaya margi saparantos ditaroskeun naha aya katangtuan yen ujian nasional teh dikedahkeun ka siswana ngangge Seragam ???, ari waleranana teh rada manuan maniun teu puguh,
teras abdi naroskeun alamat dinas Pendidikan Baturaja anjeuna teu terangeun alamat sareng no Telepon Dinas DIKNAS Baturaja.
malihan  ku abdi ditaroskeun naha salaku kepala sakola di Baturaja teu terang nomer Tlp dinasna (ieu hal rada teu ilahar) piraku kapala sakola teu apaleun nomor tlp dinasna saparantos diodesek-desek anjeuna malihna nutup teleponna.
Ku ayana hal ieu numutkeun pamendak sim kuring mah saupami bade nyumbang ka murangkalih anu yatim-piatu atanapi nu teu mampuh kanggo waragad sakola (sok sanaos nu disuhunkeun nana teu ageung) langkung sae anu jelas-jelas wae alamat sareng urang uninga murangkalihnya, sok bilih ieu teh nu bade nipu ku jalan ngajual pendidikan keur jalmi nu teu mampu.
 
Sakitu hatur nuhun
 
Wassalam
 
----- Original Message -----
Sent: Sunday, July 17, 2005 8:27 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disasaak.

Kang Sas da mung teu sabaraha, saena, kitu oge upami kasaluyuan ku rengrengan YP,
kintun wae tina kencleng YP...,
kumaha tah para wargi....??
Leres kencleng YP dikhusukeun kanggo Pabukon sareng bea Siswa barudak Yatim sareng tikulawargi anu teu mampuh di Tatar Sunda.
Namung sanggeum raraosan, urang oge ulah meungpeun ka barudak Yatim anu aya ditatar sanes, khususna anu ngintun serat sapertos kitu.
 
Pihatur
ssw
   


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke