Punten, ieu mah mung bade nambihan perkawis “tipu menipu”;

Ieu kajadian dialaman ku rerencangan abdi nu didamel di koperasi dinten Kemis ping 14-07-2005;

anjeuna ditelp ku Bp. Drs. H. Ahmad Sukardi (nu ngaku-ngaku ngajabat salaku Kepala Bagian Transfer di Bank Indonesia) yen anjeuna kenging parentah ti Departemen Koperasi kanggo bantuan ka koperasi dimana rerencangan abdi di damel, ageungna bantuan teh Rp.50 jt, tapi anjeuna nyuhunkeun no rekening koperasi (mun tiasamah rekening BCA sareng naroskeun sesana sabaraha), kumargi rerencangan abdi curiga, anjeuna nyuhunkeun tulung, kaleresan abdi terang yen di BI nu namina Drs. H. Ahmad Sukardi teh teu aya sareng bagean Transfers di BI oge teu aya, tapi basa ku abdi dicobi ditelepon ka anjeuna (Bp. Drs. Ahmad Sukardi), anjeuna ngaku di damel di BI bagian Transfer tapi basa abdi nyarios yen abdi ti BI anjeun langsung nutup telepona.

Ku kajadian sapertos ieu abdi oge curiga kana kajadian Surat Bantuan kanggo Uwa Sas.

Tapi teu aya lepatna mun urang nyobian deui telp ka Dinas DIKNAS Baturaja

 

-wass-

bowie

 

 

-----Original Message-----
From:
urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On Behalf Of suryadi_s
Sent: 18 Juli 2005
16:18
To:
urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disasaak.

 

Ass. Bah Siddik....sareng saderek sadaya..................

Tadi enjing-enjing sim kuring di telepon ku uwa Sas yen anjeuna nampi serat anu sapertos diuningakeun tea.

Saparantos kitu sim kuring nyobian kontak ka alamat nu dipasihan ku Uwa Sas, dina obrolan sareng Pak Hasbulah sim kuring  rada cangcaya margi saparantos ditaroskeun naha aya katangtuan yen ujian nasional teh dikedahkeun ka siswana ngangge Seragam ???, ari waleranana teh rada manuan maniun teu puguh,

teras abdi naroskeun alamat dinas Pendidikan Baturaja anjeuna teu terangeun alamat sareng no Telepon Dinas DIKNAS Baturaja.

malihan  ku abdi ditaroskeun naha salaku kepala sakola di Baturaja teu terang nomer Tlp dinasna (ieu hal rada teu ilahar) piraku kapala sakola teu apaleun nomor tlp dinasna saparantos diodesek-desek anjeuna malihna nutup teleponna.

Ku ayana hal ieu numutkeun pamendak sim kuring mah saupami bade nyumbang ka murangkalih anu yatim-piatu atanapi nu teu mampuh kanggo waragad sakola (sok sanaos nu disuhunkeun nana teu ageung) langkung sae anu jelas-jelas wae alamat sareng urang uninga murangkalihnya, sok bilih ieu teh nu bade nipu ku jalan ngajual pendidikan keur jalmi nu teu mampu.

 

Sakitu hatur nuhun

 

Wassalam

 

----- Original Message -----

Sent: Sunday, July 17, 2005 8:27 AM

Subject: Re: [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disasaak.

 

Kang Sas da mung teu sabaraha, saena, kitu oge upami kasaluyuan ku rengrengan YP,

kintun wae tina kencleng YP...,

kumaha tah para wargi....??

Leres kencleng YP dikhusukeun kanggo Pabukon sareng bea Siswa barudak Yatim sareng tikulawargi anu teu mampuh di Tatar Sunda.

Namung sanggeum raraosan, urang oge ulah meungpeun ka barudak Yatim anu aya ditatar sanes, khususna anu ngintun serat sapertos kitu.

 

Pihatur

ssw

   
 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke