Nyaan eta padamelna meni tos kiat deui dicarekan ku basa "kebon binatang na"...:) Ngan meni bageur, diupahan ku artos....100 rebu deuih....he he he
Sigana urang cina mah memang kalasar nya pami nuju arambek teh. Abdi gaduh tatanggi urang cina pami nuju parasea meni dor dar bari bahasa "kebon binatang na" kaluar.
Mung tingal deui geura barudak ngora ayeuna (umumna pameget) pami nuju ngarobrol jeung babaturanna. Ngaluarkeun basa "kebon binatang" teh teu nuju arambek ge, ngobrol biasa sok dianggo. Mindeng mendakan, teu di lingkungan bumi atanapi nuju di luar. Siga kieu...."Jing, ari maneh kamana wae euy tara ningali" atanapi kieu "goblog siah, urang dicarekan ku guru"
Ngadanguna oge meni tos hararipu deui.....:P
Neng Iva
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring boga pangalaman soal basa "kebon binatang" teh. Boga
kawawuhan katurunan Cina, ngajak ka kuring ka Balikpapan, memeres
pagawean manehna di Balikpapan. Manehna ngomongna make basa Sunda
lemes pisan, alahbatan kuring. Ka pagawena ge kitu, tara ngomong
kasar, kabeneran deuih pagawena teh urang sunda wungkul.
Kabeneran pagawean di Balikpapan teh aya masalah, kasalahan
pagawena. Na ari gantawang teh manehna ngambek ka pagawena,
bebeakan, basa Sunda nu mamawa eusi kebon binatang kaluar
sadayana. Pagawena mararungkut, kuring nu ngadengena ceuli jadi
panas, ngagejlig indit teu bebeja heula, teu wasa ngadenge basa
anu sakitu kasarna.
Sorena kuring jeung pagawena papanggih di Mall Balikpapan,
ditanyakeun, "kumaha dicarekan teh?"
"Kenging dua jam Pa, wareg ku anjing, monyet jeung sagala rupa!",
jawabna teh
"Naha teu pundung, balik we ka lembur, urang wae nu ngadengena
teu ngeunah", ceuk kuring teh.
"Wangsul? pundung? ......ah, malah abdi jeung rerencangan mah
ngarep-ngarep dicarekan teh", ceuk manehna teh bari seuri.
"Har, naha kitu?"
"Adatna si Pa X mah, lamun nyarekan bebeakan, kumplit jeung basa
kebon binatang, tapi saatosna, sanggeus reureuh tina nyarekan
abdi jeung rerencangan di bagi artos 100 rewu ewang. Matak abdi
ka Mall oge, rek balanja kaperluan anu geus seep!"
Jadi? make bahasa kasar jeung diambek make basa kebon binatang
oge teu naon-naon asal aya duitna mah ........hehehehe
Baktos,
WALUYA
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

