|
Baraya Kusnet saalam dunya, ieu mah etang-etang nyobian
we ma'lum parantos bulukan bakating ku lami tara ngelol kadieu. Atuh
salajengna bade ngawilujengkeun ka kang Iim, rehna tos jeneng janten kuncen #7
dpd Sumedang. Moal hariwang ayeuna mah mun milis kameumeut ieu aya nu ngabom,
pasti kuncen#7 pangpayuna, kunyam kunyem sakedik, bomna mulang deui kanu
ngirimna. Jelegur bitu ! Ahli bahan peledak dilawan...hehe.
Nguliwed sakedap ka kang Dani, sae kang cariosna mangga
teraskeun, enya pami ningal cai anu ngagolontor ngagenyas herang sok
manglebarkeun.
Punten, ieu mah etang-etang ngareuah-reuah, cariosna di
gurawilkeun sakedik sapertos kieu geura :
"Meuni lami lami teuing
mandi teh kang....teras ngaguher kitu didinya!!!" nyi Keuis satengah
ngagorowok
"Lain nyi....., akang
teh keur neangan nu leungit yeuh...!"
"Neangan naon kang
?" "Keur neangan tutup bak,
ieu cai lebar ngocor wae ,tapi weleh teu kapanggih, untung akang boga
akal, geura yap kadieu da teu dikonci !" ceuk Dudun bari nagen salila-lila dihareupeun bak mandi, enya we saprak
Dudun nagen didinya, teu sakara kara kokocoran bak anu sagede songsong teh
saat. Bakating kupanasaran nyi Keuis reket mukakeun panto kamar mandi,
sulusup asup, ari breh teh. " Heuheuy deudeuh ituh kang Dudun, sanes lebar ku
caina abdi mah kang, tapi lebar ku cocokna, apanan cocok eta mah kanggo nyocokan
kokocoran nu abdi sanes ?!" ceuk nyi Keuis bari meumpeun
carang.
" Hus...tong sambarangan ngomong bisi ngadengeeun ku
lebe !" tembal Dudun bari ngarawel anduk tina kastop, atuh golontor
kokocoran bak anu sagede songsong teh ngocor deui.
" Hiihhh.... apal ayeuna mah geuning !" nyi Keuis
ngabirigidig.
" Apal naonana ?" Dudun teu ngartieun
" Eta kang... Songsong...hiiihhhhhh !" nyi Keuis
ngabirigidig deui.
Tos ah kang Dani, ulah diteraskeun bilih dipolototan ku
kuncens ! marangga kasadanya nyempod deui ah!
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) kang boim
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) lilies
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) roisz
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) Kang Cepot
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom saked... indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) iva wanti
- RE: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) Waluya, Dani R

